Minggu, 19 Oktober 2014

Kitab layang Muslimin-Muslimat

Kecap Bubuka
Ta’awudz minangka pangraksa lengkah
Ngajagi diri ngaraksa manah
Neneda urang ka Alloh Jalla Jalalah
Tina sagala pangrorobeda syetan anu rongkah
Nu jadi bibit rurujit indung rurusuh bapana salah
Nu salilana nuduhkeun kana lampah salah
Tur resep migawe hal anu gaflah
Nu nyandang laknat ti Alloh Nu Maha Gagah

Mun manusa cilaka nurut tumut ka maranehna bari pasrah
Pasti maranehna ngarasa bungah
Tapi sabalikna mun manusa teu nurut tumut komo bari pasrah
Pasti maranehna ngarasa teugenah pinuh kukasusah.
Ku kituna urang jaga, urang riksa  ku kalimat ‘Auudzu Billah’
Bismillah jadi pamuka lengkah,
Dibarung kugerentes niat dina manah,
Seja miharep ridho sareng rohmah
Ti Alloh Nu Maha Gagah
Malah mandar lengkah hanteu gaflah
Tebih tina sagala lampah nu salah
Sagala nu nyolengkrah dina manah nu matak mawa tugeunah
Hayu urang bebenah
Tiiskeun pikir, lempengkeun tekad sareng akidah
Luyukeun reujeung risalah nu dicandak ku rosulillah
Ku ngalobakeun urang dzikir sareng ibadah
Boh nu wajib atanapi nu sunah
Minangka bukti urang ngucapkeun dua kalimah syahadah
Nu mangrupakeun jangji pasini pasang subaya dina bayah
Nu ngait na ati sanubari, nu nyantel na hate, tur nyampay dina manah
syahadat tauhid minangka jangji seja nguatkeun akidah
Syahadat rosul minagka pasini seja nyonto Rosululloh saw. nu gaduh uswatun hasanah
Kalayan Dibuktikeun ku tekad sareng lampah
Nu luyu reujeung Al-Qur’an sareng As-Sunnah
Bari Ningkatna rasa mahabbah ku jalan urang muroqobah
Ngadeukeutkeun diri netepkeun lengkah
Hirup pinuh ku sadrah, pasrah bari sumerah
Wungkul dieusian ku ibadah
Supaya urang hirup betah- bumetah
Di tempat anu langgeng jaga bari genah merenah tur tumaninah
Tur salamina aya dina limpudan ridho sareng hidayah Allohu Jalla Jalalah.
 Amin ya alloh ya robbal’alamin
Hamdalah minangka tawis puji
Dikedalkeun ku lisan anu bijil tina ati sanubari
Tawis syukur urang ka Gusti Nu Maha Suci
Alloh  Robbul ‘Izzaty
Nu salamina teu bosen ngalungsurkeun nikmat sareng rizqi
Ka sakumna makhluk nu aya dilangit sareng di bumi
Nu bedegong sombong oge nu salamina bakti tur gumati
Kum teu diwiji-wiji sadaya kabagi
Poma kufur ulah sampe ngancik dina diri
Sabab kufur ngalantarankeun benduna Gusti
Mun hirup kufur bakal Jauh tina rizky
Bakal diparekkeun kana balahi
Di dunya kacingcirihi tur tebih tina ridho Ilahy
Di akherat bakal nandangan rugi
Bebendon Alloh kacangking pasti
Na’udzubillahimin dzalik.
Iwal syukur nu kudu jadi tali paranti
Salamina kudu jadi hiasan diri
Pikeun bukti urang babakti
Ka Guti Nu Maha Suci Alloh Robbul ‘Izzaty
Sabab ieu tos jadi parentah Gusti
Malah mandar manusa teu nandangan rugi
Sabab syukur nu jadi sabab tambihna rizqi
Rizki nu matak nayalametkeun diri
Dina raraga seba raga bakti diri
Ridho Alloh kacangking pasti
Sabab ku syukur jadi jauhna balahi
Ku syukur hirup hamo kacingcirihi nandangan rugi
Boh di dunya oge jaga di akherat alam nu langgeng abadi
Ngeusian syurga minangka jangji ti Gusti Nu Maha Suci
Mugia urang kalebet ka golongan jalmi-jalmi nu salamina syukur kana nikmat-nikmat nu dipaparin ku Alloh Robbul ‘Izzaty.
Amin ya alloh ya robbal’alamin
Sholawat miwah kawilujengan
Mugia salamina diwuwuhkeun ka sang panutan
Panutan nu janten suri tauladan
Panutan nu janten panutup lawang kanabian
Panutan nu nyandak risalah kasalametan
Panutan nu nyampurnakeun risalah pangeran 
Panutan nu nyebor sagara keusik kajahiliyahan
Ku cai kaislaman reujeung kaimanan
Panutan nu maparin beja kabagjaan
Panutan nu salamina sieun umatna aya dina jurang kacilakaan
Panutan nu namina seungit tug dugi ka akhir zaman
Panutan nu ngajarkeun arti kamanusaan
Anjeunna babar nyambuangkeun rahmat ka sakumna alam
Anjeunna lahir ngahiliwirkeun angin katiginan
Nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw. Nabi Akhiruz-zaman.
            Teukalangkung kulawargina nu dipikaheman
Teukakantun shohabatna nu satia nyarengan
Nu rela toh pati jiwa raga pinuh pangurbanan
Dina raraga najeurkeun cahaya kaislaman
Sahingga hurung gumebyar nepika akhir zaman
Oge teu kakantun urang salaku umatna nu ariman
Bari ngaestokeun sadaya kasunahan pikeun ngahontal kabagjaan.
Amin ya alloh ya robbal’alamin.
Kiwari pamuka catur
Turiang jadi jarami
Minangka ngabakti ngaula
Ngaula sanes bade ngabibisani
Ningkatkeun ngelingan raga
Gaganti payung nu leungit
Nu leungit kalapa muntu
Tugenah taya pangais
Aisan repot ku budak
Daki ngabulen ka diri
Rineka mangun siloka
Kabita ku rahmat Gusti
Tibaheula Nabi ngelingan
Nganti-nganti jalma nu surti
Surtina bari bakti gumati
Gumati ka Nu Maha Suci
Sucina risalah Pangeran
Pangeran Nu Maha Rohman
Rohman kanu Kafir jeung nu Ariman
Nu Ariman bari ngaestokeun Dawuhan
Dawuhan Rosululloh oge  Dawuhan Pangeran
Dawuhan Pangeran dina Al-Qur’an: “Duh anaking jimat awaking poma maneh hirup di alam Dunya teh kudu “Tawaa shaubil-Haqqi Wa Tawaa Shaubish-Shobri”. “silih asah, silih asih, silih asuh, oge silih washiyatan dina kaireng katalingeuhan, dina Hak oge dina kasabaran”.
Oge hidep oge kudu “Ta’aawanuu ‘Alal Birri Wat-Taqwaa, Wa Laa  Ta’aawanuu ‘Alal Itsmi Wal’Udwaan”.Malah mandar Ukhuwah wathoniyyah, ukhuwah Insaaniyyah, Ukhuwah Islaamuyyah tiasa kabeungkeut, tiasa nanjeur di alam Dunya anu fana tug dugi ka alam Aherat anu abadi teuaya tungtungna. Amin ya alloh ya robbal’alamin.
Eling-eling dulur kabeh
Ibadah ulah campoleh
Beurang peuting ulah weleh
Bisina kaburu paeh
Sabab urang bakal mati
Nyawa dipundut ku gusti
Najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkirkeun pati
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun sholat
Kaduhung kaliwat langkung
Tara nyembah ka Yang Agung
Sakarat nyeri kalangkung
Jasadna teu meunang embung
                                    Ti Nu Nyusun Nyarungsum
           Abdikal Faqir ilaa Ridholloh
Wangsa Susena Ali-Qosimy As-Subangy, S.Pd.I
peujeuh Ti nu Nyusun Nyarungsun
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokaatuh
Eusi ieu susunan seratan “Kitab Layang Muslimin-Muslimat”  kenging nganggit Mama Asep Martawijaya anu kawitna Ti Garut Jawa Barat, nu ditarjamahkeun ku Mama M. Tirta Hamali ti karawang. Ieu seratan sanes icaleun salineun, namung kasanggakeun ka sugri nu leukeun, nungtik, ngulik turta  napakuran, nu salajengna didamel bahan badantenan dina riungan pangaosan.
Upami kapendak kalepatan atanapi kahilapan pamugi enggal ngalereskeun. Anu nyusun nyarungsum ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan, saupamina nu lepatna sareng nu dilereskeunna rengse ditungtik diulik sareng ditaliti, oge ditafakuran. Manawi sareng manawi janten wasilah atanapi cukang lantaran pikeun ngiatan katauhidan ka Alloh s.w.t. tauhid nu murni beresih, henteu kaselapan ku rereged-rereged kokotor nu ngagunduk dina qolbu. Oge mugia akhlak, akal pikiran sareng akidah katauhidan urang salamina sumurup miraga sukma, ngawujud dina diri urang sadayana. Tur urang jadi jalma nu taqwa ka Gusti Nu Maha Suci. Amin ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.
Rumaos nuju diajar, mugia ageing pangapunten-na ti sadayana, boh bilih dina ieu susunan teh aya basa nu kirang kareka, aya seratan nu teu kapaham, aya katerangan nu teu luyu reujeung ugeran. Sakali deui hapuntenna nu kateda, da rumaos sanes ahlina.
Simkuriing oge nyuhun keun hapuntenna ka nu nganggit ieu kitab, mudah-mudahan aranjeunna salamina aya dina rahmat panangtayungan sareng karidhoan Alloh swt. kajurung ku hoyong ngalestarikeun ajaran karuhun luluhur, nya simkuring wawantunan nyusun nyarungsum deui ieu kitab. Anu ieu kitab the sadayana aya lima jilid, ngan ku simkuring ayeuna sajilid. Mugia jilid nu sanesna tiasa direngsekeun saenggalna. Manawi aya izin sareng ridho ti nu Maha Kawasa. Amin.
Mudah-mudahan salamina Alloh swt ngajembarkeun lawang karidhoan pikeun urang sadayana. Amin.
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokaatuh
                                                                                   
                           Sidodadi,     April 2007
 
                            Nu Nyusun nyarungsum  
Kitab Layang Muslimin-Muslimat  [1]
Jilid ka Hiji
Bismillahirohmanirrohiim
Alhamdulillaahi Robbil ’Alaamin Wash-Sholatu Was-Salaamu ‘alaa sayyidinaa Muhammadin wa ’Alaa Aalihi wa Shohbihii Ajma’iin.
Mimiti jisim kuring nulis ieu kitab. Ngalap berkah tina jenengan Alloh Ta’ala. Nu Maha Murah di Dunya ka umatna sakabéh jeung nu asih di Akhérat ka umatna nu Mu’minin.
Ari rohmat nu Alloh Ta’ala kasalamatannana turunna atas panutan urang kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. jeung ka para shahabatna rawuh ka kulawargana sakabéh.
1. Wajib Ma’rifat Ka Alloh Ta’ala  [2]
Ari Ma’rifat [3] ka Alloh Ta’ala téh wajib di sakabéh jalma mukallaf. Tegesna di Jalma nu geus akil baligh. Éta wajib teumeunang henteu. Sabab, aya dawuhan kanjeng Nabi Muhammad s.a.w.: أوال الدين معرفة الله تعالى Sundana: “Awal-awalna agama éta kudu nyaho heula ka Alloh Ta’ala”[4].
Sababna pangna kudu nyaho heula téh, supaya enggoning manusa ngalakonan ibadahna shah ditarima amal ibadahna ku Alloh Ta’ala.
Sabab tadi ogé, ibadah téh kudu kalawan elmuna, upama teu kalawan elmuna, maka batal, tegesna teu jadi. Samangsa-mangsa teu jadi, tangtu moal aya mangfaatna pikeun di akhérat, ngan ukur keur di dunya wungkul [5].
Tapi, dina hal elmu mangkahadé kaliru, hartina elmu téh kanyaho, tapi lain kudu nyaho kana cara shah batalna ibadah baé, tapi kudu jeung nyaho (Ma’rifat) ka Alloh Ta’ala ka Rosululloh s.a.w.. Sabab éta teh ibarat tempat, atawa gudangna keur piwadaheun amal ibadah urang saréréa. Ulah teu puguh sokna.
Ibarat lamun di dunyamah amal ibadah téh keur ngumpul-ngumpulkeun papaés imah, seperti méja, korsi, lomari jeung salianna.
Ari Ma’rifat ka Alloh Ta’ala. ibarat urang ngabogaan imah anu pageuh tur gedé, nyaéta supaya barang-barang nu beunang hésé capé téh, merenah puguh tempatna, supaya betah ngeunah tur genah di cicinganana [6]. Sabab, sanajan boga tempat (imah) ari teu bisa nempatkeun barang-barang nu hese cape tea, meureun rék kumaha jeung dimana diteundeuna?, naha rék sina pabalatak baé di buruan, di pipir-pipir atawa rek kumaha ? lamun teu bisa merenahkeunamah meureun atuh di cicingana ogé piraku rék aya kangeunahan. Da meureun kapanasan, kahujanan, kaanginan jeung sajabana. Keurmah teu ngeunah di cicinganana téh, jaba barang-barangna ogé tanwandé babari ruksak, da pabalatak teu puguh jajaran. Atuh meureun moal tulus jadi kani’matanana. Komo deui upama urang boga tékad amal ibadah téh keur bawaeun engké balik ka akhérat. Atuh beuki wajib baé Ma’rifat ka Alloh Ta’ala téh, sabab pikeun tempat pangbalikan.
Upama teu dikanyahokeun ayeuna. Naha kira-kirana bakal datang engké kana tempat asal urang tadi ? apan dina sakarotil maot [7] mah  geus moal aya tanyaeun deui, jeung noal aya akal deui, ku ngarasakeun ka nyeuri ogé (geus ripuh) …………………….[8].
 …………………………………………………… [9] ka Rosululloh s.a.w. ogé anjeuna keur di dunya. Engkéna ogé di akhérat tetep lolong baé [10]. Samangsa-samangsa lolong, tegesna poek di akhérat, atuh beubeunangan urang ti dunya anu beunang sakitu hésé capé téh, rék dibawa kamana ?.
Ku sabab teu bisa datang ka Alloh Ta’ala. kana asal urang datang tadi saréréa. Palangsiang babawaan téh bakal di bawa utrak-atrok. Di bawa asup ka enggon siluman, babawaan urang dijieun kakayaan di nagrina, urang di jieun badégana.
Ku sabab kitu, ayeuna urang di dunya, kudu ikhtiar di tiung saméméh hujan, tegesna kudu nganjang ka poé pagéto, nyaéta kudu bisa paéh saméméh paéh, sabab, lamun teu paéh heula sajero hirup [11], moal nyaho ka akhérat sabab, nyaho ka akhérat téh kudu bisa paéh heula. Kapan ceuk dalil ogé: Antal Mautu Qoblal Mauut [12]. Jadi, geuning akhérat atawa asal urang téh kudu dikanyahkeun jeung kudu dianjangan ti ayeuna, supaya engké ulah nyasab deui. Paéh pulutat-polotot, jeba-jebi, larak-lirik néangan jalan.
2. Jalan-jalan Ma’rifat Ka Alloh Ta’ala [13]
Ari jalan-jalanna Ma’rifat ka Alloh Ta’ala éta aya dua jalan. Aya nu ti handap ka luhur jeung aya nu ti luhur ka handap.
Ari nu ti handap ka luhur, nyaéta anu masantrén heula. Ngaji kitab Qur’an, jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara. Tah anu kitu téh jalan ibadah Ma’rifat ka Alloh Ta’ala nu kahiji. Tapi hanjakal loloboannana mah tara ditepikeun kana Ma’rifatna lantaran kaburu betah jeung kaburu ngeunah dina Asma. Tegesna geus ngarasa ni’mat dina palebah panunjuk. Padahal upama diteruskeun Ma’rifat kana Dzat jeung Sifat-Na Alloh Ta’ala, piraku teu undak kani’matanana, da geuning karék di Asma-Na wungkul geus sakitu kani’matanana.
Ari jalan nu ti luhur ka handap, nyaéta anu nyumponan dalil tadi. Awwalu Diini Ma’rifatulloh Ta’ala [14], jalanna lain masantrén wungkul, tapi kudu jeung daék ngisat diri nyaéta kudu jeung daék tirakat. Kalawan kudu jeung ikhtiar néangan pigurueunana/guru anu mursyid. Sabab moal weruh tanpa guru. Ku sabab éta, mana ku urang nu kudu disusul ? teu aya deui lian ti “Tarékat Wali” [15] nu kudu di susul. sabab éta, anu bisa Ma’rifat kana Sifatna Alloh Ta’ala nu disebut Johar Awwal [16] téa, nyaéta hakékatna Muhammad s.a.w. téa.
Da piraku teu aya lélébéranana pikeun urang saréréa. Sabab, tadi ogé kapan para wali, pangna sakitu pohara tatapa téh pikeun ngabéla umat-umatna Rosululloh s.a.w. supaya bisa baralik deui ka Alloh Ta’ala.
Kusabab kitu, atuh hayu urang pada taréangan ku saréréa éta tarékat wali. Sabab upama teu buru-buru kapanggih. tangtu urang moal bisa baralik deui ka asal. Pasti nyawa urang engké bakal marakayangan nitis manitis. Balik deui ka dunya kana barang anyar anu keuna ku ruksak deui. Moal nyumponan kana dalil: ”Innaa Lillaahi Wa Innaa Ilaihi Rooji’uun[17] Sundana: “Asal ti Alloh Ta’ala kudu balik deui ka Alloh Ta’ala”.
Kusabab kitu, tangtu saréréa ogé bingung kénéh pada-pada percaya ogé, lantaran urang teu ngarasa tadi inditna ti Alloh Ta’ala. Turunna ka alam dunya, tapi ngakuna téh sasamet biwir baé. Kapaksa ngakuna téh da sieun di sebut kufur-kafir sabab, henteu percaya kana dalil. Tapi, hartina mah tetep poék teu kaharti, kusabab teu karasa.
Kusabab éta, pribados arék méré katerangan saeutik. Malah mandar tiasa percaya jeung karaosna. Urang tadi asal ti Alloh Ta’ala téh kieu kateranganana. Urang papay ti handap ka luhur. Supaya kaharti ku akal.
Mimiti urang tumarima asal ti mana? Nu kaharti jeung ku umum. Urang asal kaluar ti Indung[18]. Teruskeun papay deui ti luhurna. Ari Indung urang asal ti mana? Tangtu indung urang asal ti Nini. Ari Nini asal ti mana ? teu salah deui kaluar ti Buyut. Ari Buyut asal ti mana ? tangtu kaluarna ti Bao, ari Bao asal ti mana ? tangtu kaluar ti Udeg-udeg, ari Udeg-udeg asal ti mana ? tangtu asalna kaluar ti Kakait Siwur, saterusna kitu baé, ti indungna deui, ti indungna deui tepi ka Babu Hawa’, ari Babu Hawa asal ti mana ?, asalna Babu Hawa tina iga burungna Nabi Adam a.s. Ari Nabi Adam a.s. asal ti mana ? Diterangkeun dina hadits, asal Nabi Adam a.s. téh tina aci bumi, cai, seuneu, jeung angin. Ari asal aci bumi, cai, seuneu, jeung angin ti mana ? diterangkeun deui ku Hadits, asalna tina Nur Muhammad s.a.w, [19] cahya opat perkara:
1.         Cahya Hideung              hakékatna        Bumi
2.         Cahya Bodas                  hakékatna        Cai
3.         Cahya Koneng               hakékatna        Angin
4.         Cahya Beureum             hakékatna        seuneu.
Ari Nur Muhammad s.a.w. [20] asal timana ? éta ogé diterangkeun ku Hadits, asalna tina Nur-Na Maha Suci, nyaeta tina Johar Awwal [21]. Tah samet éta buntu sabab geus diterangkeun ku Hadits jeung Qur’an, éta Johar Awwal téh bibitna tujuh bumi, tujuh langit, sarawuh eusina kabéh. Jadi ana kitu tadi asal ti Alloh Ta’ala téh nyaéta asal ti dinya. Tina Johar Awwal téa. Sifatna caang, padang, nyaéta gulungan Dzat Alloh Ta’ala jeung Sifat-Na Maha Suci, kakara jeneng Asma Alloh Ta’ala
1.         Cahya Beureum  jadi hakékatna            lafadz Alif
2.         Cahya Koneng    jadi hakékatna             lafadz Lam Awwal
3.         Cahya Bodas      jadi hakékatna              lafadz Lam Akhir
4.         Cahya Hideung   jadi hakékatna             lafadz He/Ha
5.         Johar Awwal      jadi hakékatna             lafadz Tasydid.
Kitu kateranganana, jadi éta cahaya nu kasebut nu di luhur, disebut Ismu Dzat téa, hartina Asma-Na Dzat Laisa Kamitslihi[22] atawa asma-Na Nu Maha Suci, ceuk nu ahli dzikir-mah Lathifah [23] téa. Tah engké téh kudu bisa balik deui ka dinya. Nu matak wajib dikanyahokeunana ti ayeuna. Tarékatna anu bisa miceun hijabna atawa pipindingna anu jadi moékan kana sifatna Alloh Ta’ala. Sing kapanggih jeung hakékatna Tasydid Muhammad s.a.w [24] anu aya dina wujud pribadi. Tah éta konci Muhammad s.a.w anu bisa ngaburak-barik hijabna ka Alloh Ta’ala. Upama kapanggih Insya Alloh Ta’ala tangtu urang bisa nyumponan mulih ka jati  mulang ka asal, nyaéta nu mulih ka jatimah rasa jasmani anu ayeuna keur dipaké balik deui ka rasa keur waktu aya dina Nurulloh (Johar Awwal), ari anu mulang ka asal, nyaéta jasmanina ngajadi deui, nyaéta ngajadi Nur Muhammad s.a.w cahaya opat rupa deui, beureum, bodas, konéng, hideung. Samangsa-mangsa balik ka asal nyaéta ngarana sampurna, hartina béak beresih, béak rasana, béak jasmanina.
3. Mimitina Mun Rék Néangan Pangéran
Aya dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w.: Man Thoolabal Maulaanaa Bighoeri Nafsihi Faqod Dhoolla Dholaalan Ba’iidaa [25]  Sundana: “Saha-saha manusa néangan Pangéran kaluar tina dirina sorangan mangka temen-temen éta si jalma kasasar, sabab, dina tékadna ngarasa leuwih jauhna jeung Alloh Ta’ala”.
Padahal aya dalilna: Wanahnu Aqrobu Ilaihi Min Hablil Wariid[26] Sundana: ”Aing geus teu aya antarana deui jeung manéh sakabéh, sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung beuheung manéh pribadi ogé, masih kénéh manéh deukeut jeung aing”.
Anu matak manusa leuwih dimulyakeun ku Alloh Ta’ala. Kapan ceuk haditsna ogé kieu:Walaqod Karromnaa Banii Aadam[27] Sundana: “Kami geus ngamulyakeun pisan anak putu Adam “
Malah aya deui dalilna: Laqod Kholaqnal Insaana Fi Ahsaanit-Taqwiim[28] Sundana: ”Manusa téh pangalus-alusna jeung pangahéng-ahéngna kajadian diantara sasama makhluk Alloh Ta’ala, geura lamun manéh geus nyaho kaayaan anu aya di jero diri manéh sorangan, tangtu engké karasa kaahénganana nu aya di badan sorangan”.
Aya deui Dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w.: Man ‘Arofa Nafshahu Faqod ‘Arofa Robbahu[29] Sundana: “Saha-saha nu geus nyaho kana dirina sorangan, geus tangtu nyaho ka Pangeranana”.
Man ‘Arofa Robbahu Faqod Jaahilan Nafshahu Sundana: “Jeung shaha-shaha nu geus nyaho ka Pangérana, tangtu ngarasa bodo dirina, sabab, tangtu kaharti, si jasad moal bisa usik malik lamun teu didayakeun ku Pangéran”.
Sidik ieu jasad téh jadi rokrakna, anu matak urang ulah ngaji kitab anu keuna ku ruksak baé, tapi kudu ngaji kitab anu langgeng. Kapan ceuk katerangan oge kieu:
Iqro’ Kitaabika Kafa Binafsika Alyauma ‘Alaika Hasibaa[30] Sundana: ”Manéh kudu ngaji kitab anu langgeng, nyaéta ngaji kitab anu aya dina diri maranéh sorangan”.
Geura téangan Qudrot Irodat-Na Pangéran dina diri sorangan sabab, leuwih nyata kakawasaan Pangéran téh dina diri sorangan. jeung leuwih nyata Kersa-Na Pangéran téh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata elmu-Na Pangéran téh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata ……………………………[31] dina diri sorangan, jeung leuwih nyata Tingali-Na Pangéran téh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata dangu-Na Pangéran dina diri sorangan, sarta Pangéran téh ayana deukeut dina diri sorangan.
Sabab, Ceuk katerangan:Wahuwa Ma’akum Ainamaa Kuntum[32] Sundana: “Alloh Ta’ala tétéla ngabarengan baé ka umat-umatna sakabéh. Dimana baé manéh aya, sing didinya aya waé”.
Tapi sategesna di barengan ku Alloh Ta’ala téh, nyaéta ku Qudrot sareng Irodat-Na, sareng ku Elmu-Na. Kapan sidik dina sifat dua puluh ogé ngarangkep-rangkep. Saperti:  
1. Hayat                      jeung               hayyan
    Hayat                      hartina             hirup
                Hayyan                   hartina             Nu Hirup.
            2. Sama’                     jeung               Sami’an
    Sama’                     hartina             Ngadangu
    Sami’an                  hartina             Nu Ngadangu.
3. Bashor                    jeung               Bashiiroon
    Bashor                    hartina             Ningali
    Bashiiron                hartina             Nu Ningali
4. Kalaam                   jeung               Mutakaliiman
    Kalaam                   hartina             Ngadawuh
    Mutakaliiman        hartina             Nu Ngadawuh
5. Qudrat                    jeung               Irodat
    Qudrat                    hartina             Kawasa, 
Naon nu Kawasa dina diri urang téh ? teu aya deui lian ti hiji buktina geuning urang bisa malik jeung usik.
    Irodat                     hartina             Keresa,
Nyaeta buktina: Panon bisa ningali, cepil bisa ngadangu, baham bisa nyarita, pangambung bisa ngangseu.
Tuh geuning bukti, sidik teu pisanna téh, ayeunamah atuh ngan kari bageurna baé. Siga naon atuh sifat-Na Qudrat atawa hirup téh ? wajib pisan kapanggihna, supaya bisa kaharti jeung karasana, ulah percaya ceuk béja, kudu yakin ku sorangan.
4. Nerangkeun Hartina Iman Jeung Ma’rifat
Ari Iman [33] téh hartina Percaya
Ari Ma’rifat [34] téh  hartina Nyaho
Geuning béda iman jeung Ma’rifat téh ? ana kitumah atuh urang percaya ayana Alloh Ta’ala téh, kudu jeung nyahona (Ma’rifat), upama teu jeung sidikmah atuh imanna iman taqlid, jadi ngakuna percaya ayana Alloh Ta’ala téh ceuk béja batur, atawa meunang béja ti kitab baé. Jadi, anu kitu paham téh méh saréréa iman ka Alloh Ta’ala samet percaya kana ayana Alloh Ta’ala baé, pédah aya damelana-Na Bumi jeung Langit. Atuh ana kitumah sumawonna anu nyekelan agama Islam, kapan anu nyekelan agama séjén ogé pada percaya kana ayana Alloh Ta’ala -mah, atu naon bédana agama islam jeung agama-agama séjén ? pédah éta kitu agama Islam mah aya rukunna: 1) Syahadat, 2) Sholat, 3) Zakat, 4) Puasa jeung 5) Munggah Haji.
Kapan dina agama séjén ogé pada aya syahadatna, pada aya sholatna ngan béda pertingkahana jeung basana wungkul, maksudna tangtu sarua.
Kapan tadi agama Islam téh pangluhung-luhungna ti agama séjén da kapan kieu dalilna: Al-Insaanu Sirri Wa Anaa Sirruhu[35] Sundana: “Rasa Muhammad s.a.w. (Manusa) téh nya rasa Alloh Ta’ala, rasa Alloh Ta’ala nya rasa Muhammad s.a.w. (Manusa)”.
Tegesna, nya kanyaho Muhammad s.a.w. téh ka nyaho Alloh Ta’ala, kanyaho Alloh Ta’ala nya kanyaho Muhammad s.a.w
Aya deui katerangana:Illa Haqqon Bilaa Haqqin Illaa Haqqin Bilaa HaqqonSundana: “Muhammad s.a.w.. téh hak Alloh Ta’ala,  Alloh Ta’ala  téh hak Muhammad s.a.w”.
Tah kitu agama Islam disebut agama pangluhung-luhungna agama téh, lantaran pang parek-parekna ka Alloh Ta’ala, moal aya Alloh Ta’ala lamun teu aya Muhammad s.a.w, moal aya Muhammad s.a.w lamun teu aya Alloh Ta’ala. Tegesna, moal aya Sifat lamun teu aya Dzat. Moal aya Dzat lamun teuaya Sifat. Anu matak Kanjeng Rosululloh s.a.w. disebut Penghuluna Rosul. Jeung disebut Babuning Ruh sakabeh, Jadi, agama Islam pangna disebut luhungna téh, nyaéta kusabab aya hak Ma’rifat ka Alloh Ta’ala téa, kapan bukti Kanjeng Rosululloh s.a.w. tiasa Mi’raj, barang kabehdieukeun-mah Kanjeng Gusti Syarif Hidayat Wali Qutub Cirebon, Mi’rojna téh tiasa tepang sareng hakékatna Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. nyaéta anu kasebut Johar Awwal téa, Tegesna, sifat-Na Nu Maha Suci, saur para walimah sajatining hirup, atawa sajatining Syahadat. Nyaeta gumulungna Dzat jeung Sifat-Na Maha Suci. Jadi, upama urang ogé upama bisa kapanggihmah jeung tarékat Wali. InsyaAlloh Ta’ala Ta’ala bisa tepang sareng hakékatna Rosululloh s.a.w.. insya Alloh Ta’ala engké bakal dicandak kana kasalametan ku anjeunna, nyaéta kana kasucian, upama teuacan terang kana (kalawan) yakinna ka Rosululloh s.a.w.., boh kana Majazina boh kana hakekatna tetep teuacan shah urang ngaku umat Rosululloh s.a.w., téh sabab, dina rukun shahna maca syahadat ogé geus diterangkeun dina kitab:
1.      Kudu nékadkeun heula Dzat-Na Alloh Ta’ala.
2.      Kudu nékadkeun heula Sifat-Na Alloh Ta’ala
3.      Kudu nékadkeun heula Asma-Na Alloh Ta’ala.
4.      Kudu sidik heula Rosululloh s.a.w..   
Tah geuning kitu maca syahadat téh, geuning kudu sidik heula ka Rosululloh s.a.w.. sabab kumaha nékadkeun ayana Alloh Ta’ala jeung Rosululloh s.a.w.., upama teu acan nyaho Ma’rifat kana sifat-Na. Sabab, basa netepkeun téh kudu puguh heula kana barang-barangna anu ditetepkeunana. Geuning kitu maca syahadat téh, lain darapon nyarebut baé, sabab, ari darapon nyebut baémah budak lembut ogé pada bisa. Nu matak wajib jeug nyahona. Sabab upama teu jeung nyahonamah. Ibarat urang maca programa bioskop anu ramé, tapi teu jeung lalajona, naha jadi kani’matan ka urang ? kitu deui sanajan teu maca programana, tapi lalajo datang ka tempatna éta bioskop, naha utama mana ? utama nu maca programana atawa utama nu lalajona ? kitu deui dina bab agama atawa elmu. Nu ngaos atawa nu ngadangukeun kana ieu kitab, ulah gancang teu percaya, ulah gancang nga-lain-lain, sabab, ieu jaman geus akhir, pikiran jalma geus naraék, geus teu pati hayangeun di bobodo, jalma ayeunamah dina sagala rupa ……………………………[36] hayang yakin. Sing inget kana babasan kolot baheula, “Kolot jadi bodo, di budak jadi pinter”. Jeung kudu inget mungguh elmu Rosululloh s.a.w.. téh, aya opat pangkat nyaéta:
1.      Elmu Syaré’at;
2.       Elmu Tarékat;
3.      Elmu Hakékat;
4.      Elmu Ma’rifat.
Dina jaman ayeunamah elmu Ma’rifat anu diarudag-udag téh nyaéta hayang sidik ka Alloh Ta’ala ka Rosululloh s.a.w.. da bongan aya dalilna: Wa’bud Robbaka Hattaa Ya’tiyakal-Yaqiin Sundana: “Nyembah ka Alloh Ta’ala téh kudu sidik serta yakin”.
Supaya shah Dzat-Na, shah Sifat-Na, shah Asma-Na, jeung shah Af’al-Na. Enggoning ngumbara di dunya téh. Sing tepi karasana teu pisahna jeung Alloh Ta’ala jeung Rosululloh s.a.w.. beurang peuting. Sugan piraku urang rék goreng tékad, goréng laku, saperti sirik, pidik, jail kaniaya ka sasama makhluk. Sabab, tangtu ngarasa isinna. Lantaran ngarasa di poncongok beurang jeung peuting ku Pangéran. Sagala hal moal disumput salindung da jeung sagala kalakuan naon baé moal maké ujub, ria, takabur, sabab, geuningan ngarasa diri urang téh teu aya ka kawasaan. Éstu apes, hina, dho’if, jeung bodo. Bisa sotéh aya rizki pagawéan bisa jadi. Sihoréng kapan pitulung-Na Nu Maha Suci. Nyaéta ku Qudrat Irodat-Na Nu Maha Kawasa.
Jadi, ayeuna bisa ogé ditetepkeun, samangsa-mangsa jalma masih kénéh kalakuan sirik, pidik, jail kaniaya ka sasama makhlukna Alloh Ta’ala, boh di nu ma’shiyat, boh di lebé, boh di nu santri, boh di Kiai pisan. Ciri-ciri éta jalma can ngarasa deukeutna jeung Pangéran. Tangtu laku jeung tékadna cicing dina ujub, ria, jeung takabur, sok ngaku pinter aing teu deungeun. Ngaku bener aing teu deungeun.  Jadi, jalma nu kitu téh ngaku boga Qodrat jeung Irodat-na sorangan teu narima Qudrat Irodat-Na Pangéran. Jadi, ngarebut atawa mapadani ka nu kakawasaan Alloh Ta’ala, kapan teu gampang urang ngaku Islam, sumawonna tadah-tuduh ka batur, si Islam, si Kafir . sabab, Islam atanapi kafir anging Alloh Ta’ala anu Uninga jeung nu baris netepkeunnana kieu katerangannana.

5.     Bab Islam

Ari sategesna Islam téh suci, beresih tina sagala kokotor, naon anu ngajadikeun kokotor ? teu aya lian, anging nafsu. Kusabab éta, saha jalmana di dunya teu boga nafsu, sumawonna dina jalma ma’shiyat, sanajan dina ahli agama ogé, pada katetepan ku nafsu, komo deui anu maké sirik, pidik, ujub, ria, takabur. Sanajan nafsu hayang kana dunya ogé, kieu kateranganana:
Sategesna ari Islam téh teu dua teu tilu, éstu ngan hiji-hijina, malah keur hiji téh ghoib; sabab, sategesna sifatna Islam téh nur téa nu katetepan nafsu. Sabab tadi geuning urang keur aya dina alam Nur-mah teu boga nafsu hayang  naon-naon, kitu deui anu Islamna ogé teu dua teu tilu, da ngan sa-hiji-hijina, nyaéta kanjeng Rosululloh s.a.w. geuning jalmamah teu kabagéan pangkat Islam, jalma ngan ukur jadi umat, tapi kan pangkat umat ogé sarébu hiji sabab, bangga. Sabab, kudu nyaho heula ka Rosululloh s.a.w. jeung ngalakonan kana paréntahna, lolobaana mah ngan ngaku wungkul sumawonna ngaku ka Rosululloh s.a.w. wungkul kana paréntahna ogé loba anu teu ngalakonan. Kapan dina rukun Islam ogé diwajibkeun ziarah ka pakuburanana Kanjeng Nabi/Rosululloh s.a.w. jeung ka Baétulloh, hakékatnamah kudu terang kana hakékatna Rosululloh s.a.w. jeung ka Baétulloh jeung ka Karatonna Alloh Ta’ala anu aya dina diri sorangan, kapan aya dalilna: Kullu Ummatin Wa RusulihiSundana: “Dina sakabéh umat pada katetepan Rosululloh”, hartina rassana Alloh Ta’ala.
Kusabab éta, perlu urang panasaran, wajib nganyahokeunnana kana hakékatna Rosululloh s.a.w. nu aya dina badan sorangan, peupeuriheun ziarah ka Mekkah ka Madinah teu bisa, kapan tadi ogé aya dua rupa, munggah haji téh, Majazi jeung Hakiki.
Ari Haji Majazi nyaéta anu geus nyaho, tur bisa ziarah ka Baétulloh jeung ka Madinah.
Ari Haji Hakiki-mah nyaéta, anu geus nyaho kana hakékatna Baétulloh jeung Rosululloh s.a.w. dina diri sorangan, sabab, Rosululloh s.a.w. teu pupus, upami pupusmah alam dunya ogé moal aya, kapan geuning kanjeng Sunan Syarif Hidayat ogé tiasa tepang ku jalan Tarékat. Jadi, sanajan urang ogé hayang jadi umat Rosululloh s.a.w. kudu bisa nyaho kana hakékatna Rosululloh s.a.w. anu kasebut Johar Awwal téa, sing kapanggih jeung tarékatna lélébérannana ti para Wali.

6.     Nerangkeun Umat Rosululloh, S.A.W.

Ari umat Rosululloh s.a.w. téh hak-hakna mah aya opat nyaéta: 1) Shohabat Abu Bakar r.a.; 2) Shohabat Umar r.a.; 3) Shohabat Usman r.a. jeung 4) Shohabat Ali k.w.
Sabab éta anu opat, anu sagalang-sagulung beurang peuting jeung Rosululloh s.a.w. kara di damel shahabat (utusan Rosululloh s.a.w), tapi ayeuna ogé saréréa terang yén shahabat nu opat téh tos parupus Majazi-namah, tapi hakékat-namah teu pupus, aya dina badan manusa, kapan Rosululloh s.a.w. hakekat-namah aya di badan manusa. Nyatana: 1) Hakékatna Abu Bakar r.a. nyatana Paninggal; 2) Hakékatna Umar r.a. nyatana Pangdangu; 3) Hakékatna Usman r.a. nyatana Pangucap, jeung 4) Hakékatna Ali k.w. nyatana Pangangseu.
Éta paninggal, pangdangu, pangucap jeung pangangseu téh ghoib kabéh teu aya rupana, tah éta aya rupana, tah éta hakékatna shahabat téa.
Anu matak éta shahabat anu opat téa kudu nganyahokeun kana hakékatna Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. jeung sing jadi hiji jeung bisa ngarasa babarengannana beurang peuting jeung Rosululloh s.a.w. tetep jadi umatna. Tiap-tiap geus jadi umatna tangtu engké bakal di sampurnakeun di datangkeun ka Gusti Nu Maha Suci. Upama teu nyaho ayeunamah ka Rosululloh s.a.w. sarta teu ngarasa ngahijina engkéna ogé pipisahan baé.
Nyawa urang moal salah, tangtu balik deui ka dunya, marakayangan jadi jurig, setan, siluman atawa nitis-manitisan ka jalma atawa ka sato. Samangsa-mangsa nyawa manusa balik deui ka alam dunya, tetep bakal cilaka asup ka Naraka, engké dina kiamat-na ieu alam dunya. Sabab, ayeuna nyawa-nyawa manusa anu marakayangan. Tegesna anu teu bisa balik ka Alloh Ta’ala. Ceuk bahasa ayeunamah keur di prapéntif, aya di alam Barzakh. Tunggu-tunggu lantaran anu leuwih gedé mah Yaumil Qiyamah(Qiyamah ieu alam dunya).

7.     Nerangkeun Rukun Iman Nu Kagenepna

Nyaeta: Wal Qodari Khoerihi Wa Syarrihi Minalloohi Ta’alaSundana: “Untung ala untung becik papastén ti Alloh Ta’ala atawa hadé–goréng ti Alloh Ta’ala”.
Lebah dieu urang percayana téh ulah kaliru, kudu di pikir dilenyepan, sabab tadi Gusti  Alloh Sifat-Na Maha Suci, piraku Nu Suci maké bakal nyiksa, maké bakal ngaganjar engké di Akhérat. Jadi, ana kitumah Gusti Alloh ngadamel manusa ngalap paédah, kersana rék ngaganjar jeung rék nyiksa, lamun kitumah atuh moal tulus suci-Na Alloh Ta’ala téh. Tapi urang kudu percaya kana dalil (katerangan). Urang kudu percaya kana sawarga jeung Naraka, atawa ngeunah teu ngeunah engké di akhérat, sabab ayeuna ogé di dunya kembangna geus karasa, aya ngeunah jeung teu ngeunah, tapi éta sawarga naraka téh lain ti Alloh Ta’ala tapi tegesna tina tékad, ucap jeung pamolah urang keur di dunya. Sabab tadi, Gusti Alloh Ta’ala ngadamel manusa téh sakali jadi henteu nungtutan deui, geus “Kun Pa Yakuun”. Breg sama sakali cukup taya kakurangan, tapi maparin cukup téh nyaéta maparin parabotna wungkul, naon parabot ti Alloh téh ? nyaéta anggahota (badan) saperti: Leungeun dua, Suku dua, Panon dua, Ceuli dua, Irung jeung Baham jeung Nafsu (nu) opat perkara, nyaéta: amarah, lawwamah, sawiyyah jeung Muthma’innah.
Kieu Dawuhan Alloh Ta’ala, lamun manéh hayang ka Naraka tegesna hayang ka teu ngeunahan. Prak ! baé geura pigawé éta, nyaéta migawé pagawéan nu goréng, pan geus sadia parabotna ti Aing (Alloh), (kapan) aya amarah, Lawwamah,  jeung sawiyyah. Kitu deui lamun hayang ka sawarga atawa ka ngeunahan. Prak ! baé geura migawé becik [37] hartina migawé kalakuan nu hadé, da kapan geus  sadia parabotna ti Aing (Alloh) nyaéta nafsu Muthma’innah. Tah kitu sategesnamah pangna aya sawarga, naraka, dunya sumawonna di akhérat beunang nyieun tina tekad jeung pamolah urang keur di dunya, kitu deui beubeunangan ogé moal ka batur tetep keur milik urang sorangan. Ti dunya nepi ka akhérat. Jadi, kusabab éta ayeuna urang saréréa mangka ati-ati enggoning ngajalankeun parabot ti Alloh Ta’ala téh. Kudu maké budi jeung pamilih anu cukup, ulah rék ngagunakeun teuing parabot amarah, lawwamah jeung sawiyyah. Kilang bara ari teu dipaké-paké pisan mah. Atuh ulah loba-loba teuing. Sakurang-kurangna sing sami timbang jeung parabot muthma’innah. Sabab sing awas, éta beubeunangan tina pagawéan urang téh bawa ti pangumbaraan nyaéta alam dunya sabogana-sabogana moal pahili deui.
Kumaha atuh akalna, sangkan urang ngalobakeun parabot muthma’innah ? teu aya deui akalna iwal ti urang kedah nyalindung ka Alloh Ta’ala jeung ka Rosululloh s.a.w., tegesna kudu ma’rifat. Tiap-tiap geus ma’rifat, tangtu bisa ngarasana babarengan beurang jeung peuting jeung Alloh Ta’ala jeung Rosululloh s.a.w. tiap-tiap geus ngarasa (kitu), insayaalloh bisa hadé ibadahna kalawan shah, nagara ogé tangtu aman.             

8.     Nerangkeun Pasal Qur’an

Ari Qur’an téh aya opat perkara: 1) Qur’anul Majiid, anu aya huruf-na; 2) Qur’anul Kariim, anu aya tulisanana; 3) Qur’anul Hakiim, anu agung, jeung 4) Qur’anulAdziim, anu langgeng.
Ieu Qur’an nu opat perkara di surahanana ku salah sahiji Ajengan kieu:
  1. Qur’anul Majiid, nyaeta Qur’an anu aya hurufna, nu umum sok di araji ku kaom Islam sa alam dunya;
  2. Qur’anul Kariim, hartina Qur’an anu mulya buktina nyaeta keneh bae Qur’an anu aya tulisanana, sabab éta anu di mulyakeun ku kaom Islam sa alam dunya.
  3. Qur’anul Hakiim, hartina anu agung disebutkeun barangna éta kénéh baé Qur’an anu sok dibaraca, sabab éta anu sok di aragung-agungkeun kaom Islam sakabéh alam dunya.
  4. Qur’anulAdziim, hartina Qur’an anu suci jeung anu langgeng di tuduh éta kénéh baé buktinamah Qur’an nu aya tulisanana, sabab éta anu suci jeung anu langgeng hukumanana ti dunya tepi ka akhérat.
Kitu Qur’an anu opat perkara téh disurahanana ku nu ahli Syara’, kajeun borong baé kajeun aya opat ngaranna, barangnamah éta-éta kénéh baé.
Jadi, ana kitumah éta Qur’an anu aya tulisannana téh dianggap tapékong  (arca)[38]. Sabab, apan sidik Qur’an étamah beunang nyieun manusa. Naha disebutkeun Qur’an eta anu mulya, anu agung, anu suci, tur anu langgeng, kapan sidik Qur’an anu (aya) tulisan téh keuna ku rusak ?.
Lamun urang Islam keukeuh boga patékadan anu kitu, atuh teu beda jeung agama China (anu) sesembahannana (atanapi) migustina kana barang anyar, turug-turug anu nyieunna ogé nu anyar.
Ku sabab kitu, omat  dulur-dulur kaom Islam ulah rék kaliru !, ayeuna ieu di handap ku jisim kuring rék diterangkeun pasal éta Qur’an anu opat perkara téa:
1.       Qur’anul Majiid, étamah cocok barangna nyaéta Qur’an Majazi anu bukti aya hurufna anu umum sok dibaraca ku kaom Islam.
2.       Qur’anul Kariim, hartina Qur’an anu mulya, tegesna anu ngaran Qur’anul Kariim téh bukti panangan kitu Ramona. Jadi, sategesna anu mulya téh kapan sidikna éta aksara téh tina tangan jeung ramo. Jadi, sategesna anu mulya panangan katut Ramona anu mimiti éta ngayakeun Qur’an téh, piraku teu kaharti, pan éta anu mulya téh.    
3.       Qur’anul Hakiim, hartina Qur’an anu agung buktina téh panginggal, sabab panangan katut ramo moal bisa nulis, upama teu aya paninggal. Jadi, sateges-tegesna anu agung téh nyaéta paningalna nu mimiti ngayakeun éta Qur’an.
4.       Qur’anul ‘Adziim, hartina Qur’an Suci jeung langgeng, nyaéta buktina hirup, sabab paninggal, panangan jeung ramo moal bisa ngajadikeun upama teu aya hirup, jadi sateges-tegesna anu suci jeung anu langgeng téh hirupna anu mimiti ngayakeun éta Qur’an.
Kusabab kitu, urang ayeuna ngaji téh lamun hayang tepi kana suci-na, lamun hayang tepi kana sampurna, (maka) éta Qur’an anu opat perkara téh kudu di aji kabéh. Mimiti urang kudu daék maca Qur’anul Majiid nyaéta Qur’an Majazi anu aya huruf-na. Tah éta bagéan syaréat, sanggeus di baca kudu terus di aji nyaéta kudu dihartikeun pimaksudeunana, sanggeus ka harti pimaksudeunana geura téangan jeung pigawé Tarékatna, sanggeus karasa, sabab éta Qur’anul Majiid téh tuduh jalan pikeun nganyahokeun ka Alloh Ta’ala (jeung) ka Rosululloh s.a.w. jalanna teu aya deui lintang ku Tarékat nyaéta ku Qur’anul Kariim, hartina kudu ngaji pagawéan tangan jeung ramo. Urang anu sakira bakal nepi ka  Alloh Ta’ala (jeung) ka Rosululloh s.a.w. karana Alloh Ta’ala geus maparin leungeun jeung ramo ka manusa téh, lain kudu dipaké ngajadikeun barang dunya anu keuna ku ruksak baé, tapi jeung kudu di paké ngajadikeun jalan keur nganyahokeun ka Alloh Ta’ala (jeung) ka Rosululloh s.a.w. supaya tangan jeung ramo urang téh jadi mulya. Sabab aya dalilna: ’Ashoobi’ahum Fii ‘Adzaanihim Minash-Showaa’iqi Hadzarol Mauti Wallohu Mukhiitun Bil Kaafiriin. Kieu pimaksudeunana: Lamun tangan jeung ramo manéh teu di jieun jalan maot, tetep tangan jeung ramo manéh martabat ramo hewan, kafir tetep bagéan ka naraka”.
Tina Qur’anul Kariim kudu naék deui kana Qur’anul Hakiim bagéan Hakékat, nyaéta kudu ngaji pagawéan paninggal urang anu sakira bakal hakim, tegesna bakal sidik (jelas) kana barang langgeng téa nyaéta hakékat-na Alloh Ta’ala jeung Muhammad s.a.w. Karana Gusti Alloh Ta’ala maparin awas paninggal ka manusa téh lain baé kudu di paké ngawaskeun kana barang anu anyar anu keuna ku ruksak baé. Tapi kudu jeung di paké ngawaskeun hakékatna Alloh Ta’ala jeung Rosululloh s.a.w. nyaéta anu kasebut Qur’anulAdziim anu langgeng tea atawa sifat-na Hirup. Bibitna tujuh bumi, tujuh langit sarawuh eusina kabéh. Tah didinya urang ogé asalna jadi, sategesna ngaran ma’rifat ka Alloh Ta’ala téh. Nyata anu geus-nyaho kalawan yakin kana hakékat Alloh Ta’ala jeung Muhammad s.a.w., tegesna Johar Awwal téa. Tapi mangakahadé kaliru, bisi netepkeun Johar Awwal téh kana caang-na panon poé nu katingal ku panon kepala. Etamah Johar Firid bagéan sawarga loka (Déwa). Tempatna di gunung Himalaya. Perkara Johar Awwal anu sajati mah nyaéta anu panon kepala.
Ceuk dalil téh kieu: Ru’yatullohi Ta’ala Fid-Dunya Bi ‘Aenil Qolbuhartina : “Ninggali hakékatna Alloh Ta’ala di dunya ku awasna ati”, tegesna hakékat  Rosululloh s.a.w.
Sabab sifat jalma-mah moal aya nu bisa ma’rifat kadinya. Karena jalma mah ngan ukur di paké tempat keur ninggali ka Rosululloh s.a.w. (jeung) ka Alloh Ta’ala, samangsa-mangsa wujud urang geus teu dipaké tempat ninggalina Rosululloh s.aw. ka Alloh Ta’ala. Tangtu ramo urang bisa nyaritakeun yén geus ngaku nyaho ka Alloh Ta’ala, lantaran geus di béjaan (dipasihan terang) ku Rosululloh s.a.w.. Jadi, urang ka bawa nyaho, kabawa ni’mat ku Rosululloh s.a.w. ti dunya nepikeun ka akherat. Moal sulaya deui sabab geus tetep jadi umatna. Karana, ti ayeuna geus teu ngarasa pisahna jeung Rosululloh s.a.w. lantaran wujud téh beurang jeung peuting di anggo baé tetep ku Rosululloh s.a.w. ninggali ka Alloh Ta’ala. Samangsa-mangsa ngarasa babarengan beurang peuting  jeung nu suci, insyaalloh tékad jeung laku téh lila-ila ka bawa suci, syetan-syetan moal dareukeut. Tapi kadinya soteh mun ma’rifat kalawan tauhidna. Ari teu jeung tauhidna-mah sulaya bae sanajan geus boga tarekat-na. Teu ngarasa sieun teu ngarasa isin jongjon baé tékad jeung lakuna sakama-kama. Jadi, nu kitu téh ma’rifat-na ma’rifat nikung. Tangtu di dunyana moal meunang syafa’at ti Rosululloh s.a.w. da di dunyana balépot tina ka susah ka bendon ku Nu Maha Suci, ibarat lampu di kurungan semprong anu kotor, geus tangtu kaluarna ogé poék. Da kudu suci pa suci-suci, suci eusina, suci cangkangna. Kakara jadi di dunyana moal lépot tina kani’matan, di akhératna pon kitu deui.
Ku sabab éta, poma-poma pisan dulur-dulur anu geus boga jalan ka Ma’rifat-an. Tékad jeung laku goréng téh kudu dijaga bener-bener, ulah darapon nyaho baé, tapi kudu di barengan jeung lakuna, jeung tékadna anu haradé. Sabab, lamun urang ngalakonan pagawéan ma’shiyyat, ngalanggar hukum syara’, tangtu urang gancang dibendonna ku Nu Maha Suci. Anu langkung beurat hukuman bongan geus nyaho, béda deui jeung anu can nyaho. Saperti i dunya ogé upama urang kampung maling hayam, dihukumna ngan ukur di denda atawa di bui saminggu. Coba upama Wadana (pajabat) maling hayam hiji- tangtu leuwih beurat hukumanana. Jaba dileupas pangkatna téh, bari dihukum tikel dua tilu ti si kampung tadi. Hukuman bongan geus ngalakukeun kana artikelna. Komo anu geus nyaho ka Alloh Ta’ala-mah. Sing inget perjanjian Guru Mursyid: “Ibadah babarengan, doraka pipisahan”.     

9.     Ayeuna Nerangkeun Martabat Alam Tujuh

(Nganggo rucatan engangna kecap):
1)  Alam Ahadiyat           huruf               Al
2)  Alam Wahdat             huruf               Lah                 Jadi Alloh
3)  Alam Wahidiat           huruf               Mu
4)  Alam Arwah              huruf               Ham
5)  Alam Ajsam               huruf               Mad                Jadi Muhammad
6)  Alam Misal                 huruf               A
7)  Alam Insan Kamil     huruf               dam                 Jadi Adam
Buktina alam dunya ogé eusina ngan tujuh poé, hakékatna nyaéta tina nu kasebut di luhur. Tegesna alam nu tujuh téh alam lalakon Alloh Ta’ala, Muhammad, jeung Adam. Kusabab wajib dikanyahokeun ku urang saréréa upama arék nyusul ka asal. Sabab, lamun teu dikanyahokeun ku urang ti ayeuna jalan-jalan jeung barang-barangna, atuh tangtu bakal sasab, moal bisa balik deui ka asal sabab téa teu kapanggih deui jalanna waktu tadi, urang turun-turunna ti  alam asal ka alam dunya.
Ayeuna éta martabat alam tujuh téh, ku jisim kuring rék diterangkeun sarta maké ibarat, kalawan dibuktikeun ku gambar, supaya gampang dihartoskeun.

10.   Tafsiran

  1. Nyaeta Alam Ahadiat, martabatna Anu Maha Suci, dalilna Dzat Laisa Kamitslihi, hartina Dzat anu Teu aya Umpamana.
Bakating kumaha atuh, anu matak teu beunang diumpamakeun téh ?, naha bakating ku Kawasa-na ? atawa bakating ku Agung-na ? atawa bakating ku hiji-hiji—na ?. 
Upama bakating ku Kawasa-na, kapan dina zaman harita teu acan aya dadamelana-Na, sabab, munculna Kawasa téh kudu bukti heula nu di damarana, ngaran Kawasa téh kudu bukti heula nu didamelna kapan dina Alam Ahadiyat-mah sumawonna manusa akhérat jeung alam dunya ogé teu acan aya.
Upama bakating ku Agung-na, da teu acan aya anu hina dina Alam Ahadiyat-mah, sabab aya basa Agung téh, sanggeusna aya loba. Upama bakating ku hiji-hiji-na da kapan teu acan dua di zaman haritamah, sabab ayana hiji téh sanggeus aya nu loba.
Kumaha atuh pihartieunana ? supaya éta dalil Dzat “Laisa Kamistslihi” téh jadi uni ?
Kieu, upama mufakatmah, nu matak Alam Ahadiyat di sebut ku Dzat “Laisa Kamitslihi” hartina Dzat anu teu aya umpamana. Tegesna nyaéta bakating ku suci. Hartina beresih teu aya Sifat-sifat-na acan, sumawonna jenengannana. Naha rek diumpamakeun jeung naon. Upami teu aya sifatna ? sabab, disaksian deui ku dalilna Nu Maha Suci téh “Bilaa Haaifin”, hartina teu warna teu rupa, teu beureum teu hideung, teu poék teu caang “Bilaa Makaanin” hartina teu arah, teu enggon, teu di kulon, teu diwétan, teu di kalér, teu di kidul, teu di luhur, teu di handap, tah kitu katerangannana. Nu matak Nu Maha Suci téh teu beunang di umpama-umpamakeun, sumawonna di enggon-enggon, atawa di tuduh-tuduh di ditu-di dieu, lantaran kaburu ku lain, sabab kahalangan ku bukti.   
2.       Alam Wahdat, nyaéta martabat sifat-Na Nu Maha Suci, jadi dina Alam Wahdat mah nu Dzat “Laésa ka Mitslihi” téh jadi dzat sifat, rupana caang padang, nyaéta nu kasebut Johar Awwal. Johar hartina cahaya, Awwal hartina  mimiti. Jadi, nu pangheula-heulana aya saméméh bumi jeung langit sumawonna manusa. Tah éta nu disebut Johar Awwal téh nu kasebut hakékatna Muhammad téa. Kapan ceuk katerangan ogé Muhammad téh pang-awal-awalna pisan, sabab Johar Awwal téh Nur, tegesna  cahaya-na Nu Maha Suci. Malah ceuk para Wali-mah sagara hirup atawa sajatining Syahadat, ku sabab gumulungna Dzat jeung Sifat, atawa Alloh Muhammad dina hakékatna.
3.      Alam Wahidiat, nyaéta martabat Asma-Na Nu Maha Suci. Kajadian tina Johar  Awwal Alam Wahdat tadi bijil deui sorotnab jadi cahya opat rupa, nyaéta:
  1. Naarun           cahaya             Beuereum
  2. Hawaaun        cahaya             Koneng
  3. Maa’un           cahaya             Bodas
  4. Turoobun       cahaya             Hideung
Jadi, cahaya nu opat perkara téh nu disebut Nur Muhammad téa, ari Muhammad-na mah Johar Awwal. Sareng éta Nur Muhammad cahaya anu opat perkara di sebutna hakékatna Adam, nyaéta Asma-Na Nu Maha Suci.
1.      Cahaya           Beureum        jadi hakékatna             Lafadz             Alif
2.      Cahaya           Koneng           jadi hakékatna             Lafadz             Lam Awwal
3.      Cahaya           Bodas              jadi hakékatna             Lafadz             Lam Akhir
4.      Cahaya           Hideung          jadi hakékatna             Lafadz             Ha/He
Syaré’at jadi Lafadz Alloh, jadi éta hakékatna lfadz Tasydid, ngajadikeun bibit tujuh bumi, tujuh langit, katut eusina kabeh, sanajan aagama ogé asalna ti dinya baé.
    1. Ayana Syahadat                     nyaéta ku ayana ……….. Johar Awwal
    2. Ayana Sholat                         nyaéta ku ayana ..…….... Cahaya Beureum
    3. Ayana Zakat                           nyaeta ku ayana ………..  Koneng
    4. Ayana Puasa                          nyaéta ku ayana …………Bodas
    5. Ayana Munggah Haji            nyaéta  ku ayana ………   Hideung
Sanajan Waktu ogé aya lima waktu:
1.      Subuh       bagian Nabi    Adam
2.      Lohor       bagian Nabi    Ibrohim.
3.      Ashar        bagian Nabi    Nuh
4.      Maghrib  bagian Nabi    Isya
5.      Isya           bagian Nabi    Musa.
Pertingkahan sembahyang/sholat ogé aya lima perkara:
1.      Nangtung
2.      Takbirotul Ihrom
3.      Ruku’
4.      Sujud
5.      Lungguh
Shahabat Ogé aya opat kalimana Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w.:
1.      Shahabat Abu Bakar r.a.
2.      Shahabat Umar r.a.
3.      Shahabat Utsman r.a.
4.      Shahabat   Ali k.w.
5.      Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w.
Di Mekkah aya Imam opat ka limana Baetulloh:
1.      Imam         Syafi’i 
2.      Imam         Hanafi
3.      Imam         Hambali
4.      Imam         Maliki
5.      Baetulloh
Tah geuning sidik kabéh ogé tina Asma-Na Alloh s.w.t. hakékatna nyaéta Nur Muhammad cahaya nu opat perkara kalima Johar Awwal.
4.      Alam Arwah, nyaéta martabat Af’al-Na Nu Maha Suci, tegesna Af’al-Na Alloh Ta’ala nu ngajadikeun ieu ieu alam dunya. Kieu ceuk elmu akalmah di damelna téh. Ibarat dina bioskop mah nyaéta Istidroj-na bangsa Walanda. Alam Wahdat nyaéta Johar Awwal lir ibarat listrik-na, ari Nur Muhammad alam Wahidiat ibarat kaca-na/(eunteung-na)
  1. Nurun             téh ibarat         kaca Beureum
  2. Hawaaun        téh ibarat         kaca Koneng
  3. Maa’un           téh ibarat         kaca Bodas
  4. Turoobun       téh ibarat         kaca Hideung
Barang éta kaca di sorot ku Johar Awwal  kajadian bijil kalangkang-na:
  1. Tina kaca Beureum   jadi      seuneu            alam dunya
  2. Tina kaca Koneng      jadi      Angina            alam dunya
  3. Tina kaca Bodas         jadi      Cai                  alam dunya
  4. Tina kaca Hideung     jadi      Bumi               alam dunya
Ku kawasa-kawasa-Na Alloh Ta’ala,  jleg baé jadi alam dunya, nyaéta Jagat Kabir, jadi sategesna alam dunya téh kajadian tina Nur Muhammad. 
5.      Alam Ajsam, nyaéta  martabat manusa, sanggeus  ieu ngadegna alam dunya, Gusti Nu Maha Suci bade neraskeun deui midamel Adam Majazi. Terus nimbalan malaikat miwarang ka alam dunya kudu nyokot aci seune, Aci Angin, Aci Cai, Bumi. Gancangna geus meunang éta aci. Aci nu opat perkara téh, terus didamel:
1.      Aci Bumi                         kajadian           kulit bulu Adam
2.      Aci Seuneu          kajadian           getih daging   Adam
3.      Aci Cai                 kajadian           Urat Balung Adam
4.      Aci Angin            kajadian           Otot Sungsum Adam.
Ku kawasana Alloh Ta’ala jleg baé jadi katerangan asma-na  Muhammad, Mim, He, Mim jeung Dal nyaéta:
1.       Cahaya anu Hideung       jadi hakékatna             lafadz Mim Awwal
2.       Cahaya anu Bodas           jadi hakékatna             lafadz
3.       Cahaya anu Koneng        jadi hakékatna             lafadz Mim Akhir
4.       Cahaya anu Beureum      jadi hakékatna             lafadz Dal
5.      Johar Awwal                  jadi hakékatna             lafadz Tasydid
Syaré’atna nya jadi lafadz Muhammad atawa sabalikna tina lafadz Alloh Ta’ala.:
1.      Mim Awwal         lafadz Muhammad Sirah
2.                                          lafadz Muhammad Dada
3.      Mim Akhir           lafadz Muhammad Udel
4.      Dal                        lafadz Muhammad Suku
Tapi teu acan usik malik, ngagoler saperti golek, gancang diteruskeun di liangan opat liang, nyaéta di panonan, di cepilan, di pangambungan, di bahaman, terus éta liang di asupan ku sorotna (sinarna) Nur Muhammad kajadian bisa usik malik eta adam atawa jagat shoghir téh. Jadi, sidik pisan yén hirupna manusa téh sasatna ku ayana cahaya. Kitu deui pangna maotna manusa téh ku teu ayana cahaya. Samangsa-mangsa geus teu aya cahayana si jasad atawa jagat shoghir geus teu aya kakuatannana buktina gancang burukna.
Kitu deui ieu jagat kabir nyaéta alam dunya pangkuatna téh ku .......ku sorotna Nur Muhammad, jadi moal salah deui engké dina kiamatna ieu jagat kabir (alam dunya) saperti manusa (jagat  shoghir) baé, dicandak deui cahayana. Nyaéta panon poé, bulan, béntang. Tangtu baé ieu alam dunya rusak. Atuh tinggal naonna ? tina bumi tinggal poékna, seuneu tinggal panasna, cai tinggal tiisna, angin tinggal hawana. Terus saha nu bakal nyicingan naraka ? teu aya deui nu bakal nyicingan naraka nyaéta “Idaa Jil La’natulloh” téa, sakanca-kancana sakur nyawa-nyawa manusa anu teu bisa baralik deui ka Alloh Ta’ala. Sabab tadi, keur di dunyana beunang ku panggoda syetan. Lantaran teu iman ka Alloh Ta’ala ka Rosululloh s.a.w.
 Karana Idajil téh tadinama malaikat-malaikat kakasih Alloh Ta’ala. Pangna di bendon ku Alloh Ta’ala lantaran saméméh aya Adam, di piwarang ngeusian ieu alam dunya, tapi dijangjian lilana di alam dunya ngan sarébu taun, tah ti dinya miitina di bendon ku Alloh Ta’ala. Jadi, geus teu meunang balik deui ka sawarga, kudu tetep di alam dunya baé. Tapi engké bakal ditetepkeun dina dasar naraka sanggeus kiamatna ieu alam dunya. Bakating ku bedegongna sang Idazil, manéhna snggup baé tapi rék nyuhunkeun izin pikeun ngagoda ka anak putu Adam. Pikeun pibatureun manehna di Naraka, gusti Alloh ngawidian, tapi saha-saha nu teu iman ka Aing (Alloh) jeung Rosulloh.
Ayeuna rék balikan deui pasal Adam, tadi di luhur ku jisim kuring geus di caritakeun anu didamel adam majazi téh tina acina seuneu, cai, jeung acina bumi. Bilih baé anu ngaos sareng anu ngadangukeun ieu kitab nyangka  saperti seuneu, angin, cai, bumi téh diperes saperti nyieun aci sampeu, saenyana lain kitu. Jadi, anu kasebut seuneu, angin, bumi téh, buktina nyaéta sakur anu jaradi dina taneuh, saperti tatangkalan nu gedé, anu leutik, karana kapan sidik pangna bisa ngagedéan téh tatangkalan ku opat perkara, hiji kudu cicing dina taneuh, dua kudu kacaian, tilu kaanginan, opat kudu kapanasan. Cacakan karék kahieuman ogé geuning tara jadi buah.
Jadi,   kusabab éta tatangkalan lilana cicing dibumi, lila kaanginanana, lila ka caiannana, lila kapanasannana, jadi éta hawa asup kana tatangkalan sanggeus gedé tangkalna, terus bijil buahna, tah éta bubuahan téh bakat ning wujudna Adam. Sanajan urang ogé asalna ti dinya ogé, ngan Adam mah di damel ku Alloh Ta’ala, barang kadieunamah sanggeus aya Adam jeung babu wadi, Madi, maningkeum, mani. Barang éta wadi, madi mani maningkem kontak jeung sorotna Nur Muhammad cahaya nu opat perkara nya kajadian kimpelan ngajadi jabang bayi dina jero beuteung indung. Ari anu teu jadimah nyaéta anu teu kontak, tegesna teu tepung jeung Nur (roh), sabab tadi ogé Alloh Ta’ala Maha Wenang, Wenang ngajadikeunana jeung Wenang teu ngajadikeunana. Manus amah teu aya kakawasaan, ngan ukur jadi cukang lantaran pikeun ngayakeun piwadaheun roh baé. Nyaéta sakur nu di tuang. Karana indung bapa urang lamun teu barang tuang moal kajadian aya cai mani.
Kala waktu orok di jero beuteung teu aya nyawana, ngan kakara aya ................... barang gubrag ka luar, roh sucina kontak haténa, tepung jeung hawa dunya, nyaéta hawana tina bumi, seuneu, cai jeung angina. Nya kajadian éta orok téh aya nafasna. Atawa sifatna nyawa. Hakékatna nyawa nyaéta roh jasmani. Dina waktu panon buncelik teu aya awasna, ceuli molongpong teu acan aya danguna, irung teu acan aya angseuna. Sungut teu acan aya bisa nyarita. Ngan karék aya sora baé, barang geus di béré barang dunya nyaéta cai susu atawa non baé nyaéta tina acina bumi, seuneu, cai. Jadi éta cai nu opat perkara téh kajadian deui acina, nyaéta ngajadi getih opat perkara, nu kasebut roh jasmani. Terus éta getih anu opat téh surup sinurupan.
Getih hideung kajadian tina aci bumi sumurup kana kulit, nya rubakan kulit orok, hawana ka luar bijil na kana baham, watekna bisa ngomong, getih anu beureum kajadian tina seuneu sumurup kana daging, nu nagdean daging orok, hawana kaluar bijilna kana ceuli, watekna bisa ngadenge.
Getih bodas kajadian tina aci cai, sumurupna kana tulang, nyangadean balung orok, hawana kaluar bujil kana panon, watekna bisa ningali aya awasna.
Getih anu koneng kajadian tina aci angin, sumurupna kana sungsum nya ngalobaan sungsumna orok, hawana kaluar bijilna tina irung watekna bisa ngambeu.
Sanggeusna éta orok geus rubak kulitna, gedé dagingna, gedé tulangna loba sungsumna, kaluar deui hawa nyaéta nafsu anu opat perkara Amarah, lawwamah, sawiyyah jeung muthma’innah, nyaeta buktina sagala kahayang anu hadé jaung anu goréng.
Tuh geuningan bukti anu ngagedéan jasad téh sanajan tanaga, pikiran akal, sumawonna paningali, pangdangu, pangucap, pangangaseu teu aya deui anging ku pitulungna roh seuneu, angin, cai, bumi, naon sababna pang nulung kitu téh ? teu aya deui pangkajadian sagala ti dinya téh supaya éta parabot-parabot téh kuduna digunakeun dipaké (digunakeun) parabot ibadah jeung kudu di paké nyieun jalan pikeun nganyahokeun kana asal, nyaéta ka Alloh, supaya engké manéhna ka bawa sampurna. Tegesna ka bawa balik deui ka Alloh, karana anging manusa anu katetepan agama. Manusa anu katetepan elmu, anu bakal bisa nyampurnakeun roh-roh sa alam dunya. Kabéh ogé pada arasup ka manusa.  Sumawonna rohna bumi, seuneu, cai, angina , étamah sapopoéna, sanajan roh-rohna héwan nu halal nu haram anu beresih anu najis, éta sakabéh ogé pada arasup ka manusa.
Kieu jalan-jalanna saperti bangsa tatangkalan (kai) bener syaréatnamah teu di dahar ku manusa, tapi kapan sok sok dipaké nyuluhan sangu atawa naon baé tangtu éta rohna asup kana sangu, nu matak jadi béda rasana, tadi béas kénéh jeung geus jadi sangu, kitu deui bangsa héwan anu haram anu najis ogé milu arasup baé, puguh ari jinisnamah teu di dahar, tapi upama anjing, babi paéh di cai tangtu bangkéna di hakan ku lauk cai, lauk cai asup deui ka manusa, upama paéh di darat jadi gemuk pepelakan cau, cauna asup deui ka manusa. Jadi, sidik manusa téh jadi cukang lantaran keur mareuntas roh-roh sa-alam dunya balik deui ka Alloh Ta’ala.
Ku sabab éta, sidik Alloh Ta’ala mah Suci tetep teu nyiksa teu ngaganjar, sateges-tegesna anu bakal nyiksa téh nyaéta roh-roh tina sagala rupa. Anu geus asup ka manusa. Lantaran teu di bawa balik deui ka Alloh Ta’ala. Rohna seuneu engké bakal jadi naraka panas, rohna cai bakal jadi naraka tiis, rohna bumi bakal jadi naraka poék, rohna héwan engké bakal nyereudan atawa ngégélan kana nyawana manusa.     
6.      Alam Misal Martabat, nyaéta saha-saha manusa anu di dunyana geus ma’rifat ka asal wujudna nyaéta sagara Adam (Alam anu ka tilu téa, yakni Alam Wahidiat) tadi, éta élmuna geus tepi ka pangkat misal, hartina geus nyaho kana asal cahaya beureum, konéng, bodas jeung hideung. Engké dina maotna bakal asup kn sawerga dina kanikmatan anu teu aya bandingannana, sarta langgeng teu aya putusna.
7.      Al-Insanul Kamil, nyaéta maratabat kasampurnaan, samangsa-mangsa manusa di dunyana geus bisa ma’rifatna kana sifat Alloh Ta’ala nu kasebut Johar Awwal téa, atawa Alam Wahdat (alam anu nomer 2) tadi. Élmuna geus tepi kana pangkat Insan Kamil hartina manusa nu sampurna. Engké dina maotna bakal jatoh kana pangkat kamil mukammil, hartina sampurnaning sampurna, béak rasana. Béak jasmani-na, jadi Dzat “Laesa Ka Mitslihi” deui saperti-waktos tadi saméméh urang turun ka alam dunya.   

 



[1]  Di tarjamahkeun  ku   M. TIRTA HAMALI, Karawang, 14 Mei 1982
[2] Miturut K.H. Hadérani H.N., dina Bukuna: “ILMU KETUHANAN, Ma’rifat, Musyahadah, Mukasyafah,   Mahabbah (4 M)”. Terbitan C.V. Amin, Surabaya. Tt. ngauningakeun:
                Élmu ma’rifat, ku masyarakat umum dikenal kalayan sebutan “Élmu Jero”, (mun ceuk urang sundamah “Élmu Kabathinan” réd.). Miturut carita, di zaman Walanda masih kénéh ngajajah nagri urang, nyuprih élmu ieu téh kacida susahna, lamun ogé aya ngalap élmu ieu téh kalayan susulumputan, béda deui jeung nyuprih élmu Fiqih aya saeutik kabébasan. Sahingga, élmu ieu saolah-olah stagnasi (pareum), hal ieu téh disababkeun:
1.        Ayana larangan ti pihak pamaréntahan Walanda ngeunaan “ngayakeun gempungan ku cara kumpul ngariung” nu dilakukeun ku bangsa urang. Sanajan ieu hal téh ditujukeun kana masalah kagiatan politik, tapi teu nutup kamungkinan ayana kacurigaan ti pihak Pamaréntah Walanda ka golongan jalma-jalma nu nyuprih élmu nu maké sIstem “ngaji diuk” nyatana ti kalangan para santri di pasantrén, kaasup jalma-jalma nu nyuprih élmu ma’rifat.
2.        Tumuwuhna pamadegan ti sawaréh para ulama sorangan nu aya di nagri urang, nu kacida ati-atina dina ngajarkeun élmu ma’rifat ieu, kajaba pikeun maranéhna nu geus dianggap nyukupan kana syarat-syaratna, tegesna nu mampuh.
Hiji hal nu kacida jelasna, yén Pamaréntah Walanda nu ngajajah nagri urang harita kacida teu mikaresepna ka kaum Muslimin nu nyuprih élmu Tashawuf (sanajan teu aya larangan hukum nu tertulis). Sabab dumasar kana panalungtikan maranehanana yén konci kakuatan kaum Muslimin aya dina kayakinan kana élmu ka-tashawufan. Sahingga jalma nu nyuprih atanapi ngalap élmu tashawuf tumuwuh pamadegan “teu sieun kana maot” nu sawaktu-waktu ngalakukeun perlawanan ka maranéhna. Contona baé nu dikokojoan ku perlawanan Pangéran Diponegoro, perang Padri di Acéh, peralwanan Pangéran Antasari di Kalimantan (Karajaan Banjar), perlawanan Sultan Hasanudin di Banten, Pangéran Fatahalillah jeung réa-réa deui. Ieu hal téh, di dadasaran ku élmu katashawufan. Kitu miturut panalungtikan ti Oriéntalis pihak Walanda nyatana Prof. Snouck Horgrunyé. Ku kituna élmu ma’rifat téh di larang ku pamaréntah Walanda.
Anapon sabab nu kadua hartina ka ati-atian para Ulama Tashawuf pikeun ngajarkeun élmu Ma’rifat ka jalma anu hanaang dina nyuprihna. Hal ie téh dumasar kana katerangan hadits بقدر عقولهم" “ (miturut kana kadar akalna) jeung kudu ka “ahlina’. Kusabab hal éta sumebarna élmu ma’rifat téh rada di piheureut. Prinsip “ahlina” didieu nyatana kana syarat nu kudu dipibanda saméméh ngalap élmu Ma’rifat, nu diantarana baé:
1)  Kudu faham kana sifat nu dua puluh lain apal wungkul, tapi kudu ngarti kana jerona makna sifat nu dua puluh téa.
2)  Kudu bisa ngamalkeun syaré'at kalayan tekun tur saéstu. Sabab nu dikhawatirkeun inggis ku bisi rémpan ku kaayaan lumangsungna sikap bathin mingkin jero, tapi akhirna teu paduli kana syaré'at. Kukituna dikalangan Ahlus-sunnah Wal-jama’ah (Ahlul Kasyaf) mufakat kana katerangan:
ومن تفقه بلا تصوف  فقد تفسق ,  ومن تصوف بلا تفقه  فقد تزندق ,  ومن تجمع بينهما فقد تصدق
“Sing saha jalmana nu nyekel deleg ajaran (hartina faham bari ngalaksankeun) Fiqih tanpa dibarengan ku ajaran (hartina faham bari ngalaksankeun) tashawuf maka manéhna ka asup kana golongan jalma fasiq.
“Jeung sing saha jalmana nu nyekel deleg ajaran (hartina faham bari ngalaksankeun) Tashawuf tanpa dibarengan ku ajaran (hartina faham bari ngalaksankeun) Fiqih maka manéhna ka asup jalma Zindiq”
Jeung sing saha jalmana nu nyekel deleg kana dua ajaran (hartina faham bari ngalaksankeun) antara Fiqih jeung Tashawuf maka manéhna ka golong “shidiq” (bener)”.   
Dumasar kana hal éta, K.H. Hadérani negeskeun, yén kumaha baé kaayaanana, nyuprih élmu Ma’rifat téh kacida pentingna. Sabab sawaréh Ulama Tasawuf méré patokan hukum kaasup “Fardhu ‘Ain”. Pikeun satiap Mukallaf sacara Ijmali (global/menyeluruh) jeung “Fardhu Kifayah” sacara Tafshily (terperinci). Ampir sakabéh para Ulama ahli Tashawwuf ogé para ‘Arif Billah, mufakat yén mungguhing hakékat yén “Teuaya salah saurang ogé nu bisa apal ka Alloh iwal ku Alloh deui”. Sedengkeun Ulama Ahli Dzohir teu nyaluyuan kana konsép rumusan éta.
                Kukituna didieu K.H. Haderani nyutat hiji ucapan Ulama ahli Tashawuf Syékh Muhammad Jabbar An-Nafiri Qoddasallohu Sirrohu. Nu kieu cariosanana: “Amal sholéh nu dilakukeun tanpa Ma’rifat ka Alloh, maka akhirna bakal ambuh-ambuh, gugur lebur taya nilaina, ibarat lebu anu katiup ku angin dina mangsa datangna angin puyuh topan taliwawang”.
Salajengna diperjelas deui ku ucapan Imam Ad-Daqqoq dina kitabna “Risalah Qusyairiyyah”:
المعرفة توجب السكينة فىالقلب كما أن العلم يوجب السكون فى العقل فمن ازدادت معرفته إزدادت سكينته  (رسالة القسيرية)
“Ma’rifat téh nyaéta nu mastikeun datangna katingtriman haté, saperti ogé élmu nu mawa katingtriman kana ‘akal, sing saha jalmana nu tambah nilai ma’rifatna, maka bakal tambah ogé rasa tingtrim kana haténa”.
Ogé ucapan Syékh Amin Al-Kurdi Al-Irbaly Asy-Syafi’i dina kitabna: ‘Tanwiirul Qulub Fi Mu’amalati ‘Alamil Ghuyuub’ karangan , Taun 1377 H:
فعلى العاقل أن يشعر ساعد الجد فى طلب المعرفة ولا يتوانى فى ذلك لئلا يدركه الموت وهو مصاب بعمي الجهل فلا يكون له بعد ذلك سبيل إلى البصيرة قال تعالى : ومن كان فى هذه أعمى وهو فى الأخرة أعمى واضل سبيلا ... (تنوير القلوب)
“Maka sakuduna pikeun jalma nu mibanda akal pikiran pikeun museurkeun sakuat tanagana dina nyuprih élmu ma’rifat, tur ulah nunda-nunda waktu dina nyuprihna. Ulah sampé ka datangna ajal. Sabab lamun kabutaan lantaran kabodoan geus datang nyampak dina akhir. Maka hamo aya jalan deui pikeun ningali kangeunahan. Saperti Dawuhan Alloh: Jeung sing saha jalmana nu buta/lolong di dunyana ayeuna, maka di akherat jaga bakal leuwih buta deui malah kacida sasarna”    
Syékh Amin Al-Kurdi Al-Irbaly Asy-Syafi’i negeskeun: “Kanyahokeun, yén mikawanoh diri téh ngarupakeun salah sahiji urusan nu penting pikeun tiap-tiap pribadina manusa. Sabab, saéstuna sing saha nu apal/wanoh ka dirina, tangtu bakal mampuh apal/wanoh ka Pangéran-na. Yakni, apal yén dirina téh hina, lemah, tur fana (keuna ku rusak). Ku sabab hal éta, manéhna bakal apal ka saha nu jadi Pangéran-na nu mibanda sifat mulia, kuasa tur langgeng abadi. Sabalikna sing saha nu teu apal kana dirina ngandung harti manéhna pasti moal apal ka Pangéran-na”   
 [3] Syaikh Ibnu Atho’illah As-Sukandary, dina Kitabna “Matnul Hikam”  nu ditarjamahkan ku Labib Mz, nu judulna “Kuliah Ma’rifat, Upaya Mempertajam Mata Bathin dalam Menggapai Wujud Allah Secara Nyata” nu diterbitkeun ku Tiga Dua, Surabaya. Citakan Kahiji taun 1996 kaca 15-17:
Ngauningakeun yén Ma’rifat téh nyaéta: mungguh ahli bahasa mah hartina ‘nyaho’ atawa ‘Mikawanoh’. Sedengkeun mun dijabarkeun leuwih luas hartina Ma’rifat téh nyaéta: “Tata cara nganyahokeun atawa mikawanoh Alloh Ta’ala ngaliwatan tanda-tanda kakawasaan-Na-na diantarana makhluk-makhluk ciptaan Manten-Na”. Sabab, kalayan merhatikeun tanda-tanda kakawasaan-Na-na urang bisa nganyahokeun ngeunaan ayana kaagungan Alloh Ta’ala.
Urang tangtu yakin tur faham pisan, yén teuaya hiji makhluk ogé, ti mimiti makhluk nu pangleutikna nepi keun nu pang badagna, nu ayana kalayan aya ku sorangan. Ieu hal téh nuduhkeun hiji bukti yén aya nu nyiptakeun. Tur saha deui nu nyiptakeunana anging Alloh Ta’ala nu nyiptakeunnana. Ciri-ciri nu mangrupakeun bukti nyata yén Alloh Ta’ala téh aya, sidik pisan di sabudeureun urang, ulah nyawang nu anggang, ulah nalungtik nu tebih, ulah ngalamunan nu jarauh. Tapi tingal kaayaan sapopoé urang dina kahirupan, pan jelas pisan kakawasaan Alloh téh tos  katingali, diantarana sumiratna sang Surya di arah wétan tuluy surup di belah kulon dina waktu poé manjing peuting. Bari jeung taya bosenna tiap poé saperti kitu, tara pahlili, teu acan aya béjana,  sugan pernah dina hiji waktu panon poé téh bijilna ti belah kulon, surupna ka belah wétan, teu acan aya béjana. Urang ogé bisa ningal éndahna suasana peuting, muncungulna bulan nu nyaangan poékna peuting dina mangsana bulan purnama, baranangna béntang nu ting kariceup. Jeung réa-réa deui tanda-tanda kakawasaan Alloh Ta’ala nu karasa tur katingali ku urang saréréa. Ku sabab éta, sing saha jalmana nu teu Ma’rifat ka Alloh s.w.t. ngaliwatan tanda-tanda kakawasaan-Na-na, maka éta jalma téh ka asup jalma anu pang-lolong-lolongna jalma diantara jalma anu lolong. Sakumaha dawuhan Alloh dina Surat Al-Haj ayat 46 :فإ نها لا تعمى الأبصار ولكن تعمى القلوب التي فى الصدور   “Satemenna lain matana (mata lahiriah) nu buta, tapi mata haténa (nu buta) nu aya dina jero dadana”.
Didieu Syaikh Ibnu Atho’illah As-Sukandary ngajelaskeun yén dina raraga urang Ma’rifat ka Alloh Ta’ala téh lain wungkul kalayan ngagunakeun lahiriyah. Tapi kudu dibantuan ogé ku bathiniyyah atawa mata haté anu beresih tina rereged-rereged dosa. Sahingga lamun urang geus kitu hartina geus Ma’rifatulloh maka bakal boga ciri nu mandiri, nyatana salawasna nyarandékeun sagala pasualan-pasualan kahirupan téh ka Alloh s.w.t. tur dirina bakal salamina pasrah, sadrah bari sumerah ka Alloh s.w.t.  naon baé anu tumiba nu ditampa nu enggeus kaliwat jeung nu bakal karandapan ka dirina éta sumpingna ti Alloh Ta’ala, maka salawasna di tampi kalayan hadé, di tarima ku manah nu jembar. Lamun dipaparin kani’matan, manéhna syukur, sabalikna lamun dipaparin musibah manéhna sabar kalayan tawakal ka Alloh s.w.t.  Sabab, dina qolbuna geus ngagulung hiji kayakinan, yén sagalana éta sumpingna ti Alloh s.w.t. Sabab, teuaya hiji perkara ogé nu aya di dunya ieu, anging aya manfaat atawa hikmah di satukangeun kajadian-kajadian éta.
Saluyu reujeung Syékh Ihsan Muhammad Dahlan Al-Jampisi Al- Kediri, dina kitabna: “Sirojuth-Thoolibiin, syarah Minhajul ‘Abidin Ila Jannati Robbil ‘Alamiin”, terbitan Musthafa Al-Baby Al-Halaby, Mesir, nu ngauningakeun:
وأما المعرفة  فالمراد بها أن يعرف أربعة أمور : يعرف نفسه ويعرف ربه ويعرف الدنيا والأخرة, فيعرف نفسه بالعبودية والذل والإفتقار, ويعرف ربه بالسيادة والعظمة والإقتدار , ويعرف أيضا بكونه غريبا فى هذاالعالم مسافر ا منه إلى دار الأخرة
 (سراج الطالبين)
“Nu dimaksud ma’rifat téh nyaéta opat perkara: 1) Wawuh/wanoh/apal ka diri pribadi; 2) Wawuh/wanoh/apal ka Alloh Ta’ala; 3) jeung nu ka 4) Wawuh/wanoh/apal ka dunya jeung akherat. Nu dimaksud wawuh/wanoh/apal ka diri pribadi téh nyaéta ku netepkeun sifat ka-hambaan- (Ubudiyyah), nyatana ngarasa hina dipayuneun Alloh tur bari munajat bari salawasna ngarasa butuh ka Alloh Ta’ala, kalayan ku Kamulyaan-Na-na, Kaagungan-Na-na, ogé ku Kakawasaan-Na-na. Ogé wawuh/wanoh/apal ka diri pribadi nu dimaksud didieu nyaéta ngaku bari rumasa yén diri téh asing di ieu alam dunya téh, ngan ukur jadi musafir (nu keur ngalalana) di alam dunya pikeun nuju ka alam akherat”.
[4]أوال الدين معرفة الله Miturut Murtadho Muthahhari, dina kitabna “Hikmatha va Andaruz-Ha” Terbitan Intisyarat Shadra, Téhéran. Di anggit nganggé bahasa Parsi. Nu ditarjamahkeun ku Ahmad Subandi  tur di bahasa Indonesiakeun: “Jejak-Jejak Ruhani Murtadho Muthahhari”. diterbitkeun ku Pustaka Hidayah, Bandung. Citakan kahiji titi mangsa Dzulhijjah 1416 H/Mei 1996 M. nyutat dina Kaca 7 & 11:
Muthohhari ngauningakeun, yén أوال الدين معرفة الله  ieu katerangan téh sumberna ti Sayyidina ‘Ali bin Abi Tahalib Karomallohu Wajhah (anu miturut kaum Syi’ahmah yén Sayyidina ‘Ali bin Abi Thalib k.w. téh kalebet manusa suci anu nomer tilu saatosna Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. nu urutan kaduana nyatana Siti Fatimah Az-zahra’ [Tingali ”14 Manusia Suci”  Déwan Ulama Organisasi Dakwah Islam. Terbitan Pustaka Hidayah , Bandung. Citakan  Katilu titi mangsa Rajab 1421 H./Oktober 2000 M] ).
Anu miturut Murtadho Muthahhari, yén “ أوال الدين معرفة الله “Awal-awal-na Agama éta ma’rifat (nganyahokeun/mikawanoh) Alloh s.w.t.” téh, nyaéta lamun urang ngaumpamakeun agama ibarat hiji bangunan nu mibanda panto, témbok/bilik, jandéla, kaca, lalangit, pondasi, jeung sajabana ti éta. Tah lamun urang ngaumpamakeun agama téh siga bangunan, maka urang bisa nyokot garis badagna, yén sakabéh ajaran, kayakinan, ogé tuntunan amaliyah ti mimiti ucapan, patékadan jeung perbuatan dina agama éta museur tur ngamuara kana Ma’rifat (nganyahokeun/mikawanoh) Alloh s.w.t. Terus lamun urang ngaumpamakeun deui, agama téh lir ibarat hiji Buku élmu pangaweruh anu disusun tina sababaraha bab, pasal, tur bagian-bagian nu séjénna tina éta buku, maka nu kudu jadi judul pokok tina éta buku téh nyaéta Ma’rifatulloh (nganyahokeun/mikawanoh Alloh s.w.t). Salajengna Muthahhari ngajelaskeun deui, yén lamun urang rék numpuk-numpuk atanapi rék ngumpulkeun bahan-bahan pikeun bangunan dina hiji gudang. Urang teu perlu ngatur mana nu leuwih tiheula nu kudu disimpen ogé mana nu kudu dipandeurikeun. Pon kitu kénéh lamun urang boga maksud rék nyusun hiji buku nu isina mangpirang-pirang élmu pangaweruh dina bentuk ‘Kapita Selekta’, urang teu kudu susah payah ngatur mana nu kudu di tiheulakeun ditulis dina kaca munggaran, kadua atawa dina kaca-kaca saterusna. Sabab buku anu bentukna ‘Kapita Selekta’ mah teu ngalarang disimpenna hiji judul bahasan dina kaca mana baé. Kitu deui lamun urang rék maca hiji buku teu aya aturannana tur teu aya bédana mana baé nu rék dimimitian ku urang di baca. Urang bisa milih tina kaca-kaca éta buku naha rék nu munggaran, pertengahan atawa nu akhir karep urang da teu aya bédana.
Tapi béda deui lamun urang rék ngadegkeun hiji bangunan. Didieu urang kacida perluna ayana aturan, mana nu kudu ditiheulakeun jeung mana nu kudu dipandeurikeun. Sabab dina massalah ngadegkeun hiji bangunanmah kudu pinuh ku perhitungan nu asak. Kitu deui lamun urang rék maca buku ‘Karya Ilmiyah’ atawa hiji ‘Kitab Kaélmuan’. Urang kudu ngamimitian ti awwal, dituluykeun kana bagian-bagian nu séjénna, ceuk paribasa téamah kudu “Nete tarajé nincak ambalan” ulah sampé ka luluncatan teupuguh aturan, atuh meureun lain pangaweruh nu aya tapi kalah ka kabingung jeung kateungeunahan nu aya.
Tah, dina masalah agama ogé kitu, lamun urang rék ngalakukeun ka-agamaan urang kalayan bener, lempeng tur kaharti ku akal, taya kajaba dasarna iwal ti urang kudu nguatkeun tauhid ka Alloh s.w.t. Tah ieu nu disebut أوال الدين معرفة الله téh. Sabab tadi téa, saban-saban perkara mibanda titik dasar awal pangna aya ngabentuk. Kitu kénéh dina ngabentuk salah sahiji sistem nu kuat bari ngarah aya guna jeung manfa’atna, nya kudu di mimitian di bangun di luhureun titik dasar anu jadi sabab éta hal téh aya. Pon kitu kénéh dina masalah nguatkeun tingkah ka-agamaan urang anu ceuk panalungtikanmah yén agama Islam téh ajaranna kacida jembarna nu ngalingkupan pamikiran, kayakinan jeung perbuatan. Anu éta agama Islam téh boga titik puseur atawa pusat dasar permulaan, tur lamun agama dibangun tina titik dasar permulaan éta, tanwandé agama téh bakal kuat tur tohaga sarta bakal karasa guna jeung manfa’atna boh keur diri pribadi kitu keneh keur sasama. Tah nu jadi pertanyaan naon atuh nu jadi titik dasar permulaan agama Islam téh ? taya kajaba “Tauhidulloh” nguatkeun kayakinan yén Alloh téh teu dua, teu tilu, tapi ukur hiji nyatana Alloh Ta’ala. Tur Ma’rifat (nganyahokeun/mikawanoh ) Alloh Ta’ala.             
[5]   Saluyu reujeung Hadits Nabi Muhammad s.a.w. :
من عمل عملا بغيرعلم مردودة لا تقبل    (الحديث)
“Sing saha jalmana nu migawe hiji amalan (kalebet amal ibadah) kalawan tanpa dibarengan ku élmuna, maka (éta amalan téh) ditolak (tegesna) moal ditarima”
[6]   Sakumaha anu dijelaskeun ku Imam Ad-Daqqoq dina kitab “Risalah Qusyairiyyah”:
المعرفة توجب السكينة فىالقلب كما أن العلم يوجب السكون فى العقل فمن ازدادت معرفته إزدادت سكينته  (رسالة القسيرية)
“Ma’rifat téh nyaéta nu mastikeun datangna katingtriman haté, saperti ogé élmu nu mawa katingtriman kana ‘akal, sing saha jalmana nu tambah nilai ma’rifatna, maka bakal tambah ogé rasa tingtrim kana haténa”.
[7]  Tambihan, Dina masalah “sakarotil maot” Imam Al-Ghozali ngajelaskeun dina kitabna “al-Durrah al-Fikriyyah Fi Kasyf ‘Ulum al-Akhirah” Terbitan Darrul-Kutub al-Ilmiyyah, Beirut, Citakan Kahiji , Titi mangsa 1409 H./1988 M.  Ditarjamahkeun ku Abu Hamida MZ. Kalayan judul bahasa Indonesiana “Nafak Tilas Ruh, Dari Rahim Hingga Mahsyar” Terbitan Pustaka Madani, Bandung, Citakan Kahiji, Desember 1999.
Didieu dijelaskeun yén nalika sakarotul maut, yakni nalika tos deukeut-deukeut kana maot. Maka datang opat malikat. Malaikat nu kahiji tugasna narik nyawa ti suku katuhuna. Malaikat nu kadua narik nyawa ti suku kéncana. Malaikat nu katilu narik nyawa tina leungeun katuhuna. Jeung Malaikat nu kaopat narik nyawa ti leungeunna nu kénca. Terkadang nalika si mayyit keur sakarat, ditémbongkeun kaayaan alam malakut. Lebah dinya pisan bruh-bréh sagala ditémbongkeun ku Alloh s.w.t. lieuk ka katuhu katémbong gambar sawerga, lieuk ka kénca katémbong gambar naraka. Amal-amal nu geus dipilampah bakal ditémbong-témbongkeun. 
Dawuhan Rosululloh s.a.w.: “Yén Sakaratul Maut téh leuwih peurih tibatan tilu ratus sabétan pedang. Ku sabab éta pisan, waktu harita (nalika Sakarotul maot) bijil  késang badag késang lembut, bari panon buncelik, irungna ngabeukahan, tulang iga burungna ka angkat, nafasna rénghap-ranjug, tur warna kulitna jadi pucat pias….”.
Nalika nyawa hiji jalma nyampé kana dada, maka létah-na jadi asa pondok balelol teu bisa nyarita. Ku sabab kitu, teuaya nu bisa ngomong nalika nyawana geus ngagunduk ngumpul dina dada. Ieu hal téh disababkeun ku dua hal, nyaéta nu kahiji, yén ieu kaasup perkara nu kacida beuratna, sabab dadana jadi sumpek-sesek lantaran nafasna ngumpul di dada. Coba titénan, tingkah jalma anu nalika dadana di teunggeul atawa ditonjok, maka pasti bakal nga-heunggeu. Kadang-kadang manéhna bisa ngomong najan bari rénghap-ranjug, kadang-kadang ogé aya nu teu manggapulya teu bisa ngomong sama sakali kusabab eungap nahan kanyeuri sabab dadana jadi sesek, nafas asa ngumpul kabéh dina dada. Saban jalma anu di tewek atawa di tubles bakal ngajerit nahan kanyeuri, kajaba jalma nu di tewek atawa ditubles dadana, sabab manéhna bakal paéh tanpa bisa ngajerit sumawonna cumarita.
Nu kadua,  sabab geteran sora nu bijil ku sabab hawa panas nu mibanda sifat insting geus ilang, sahingga dirina sok robah-robah dina dua kaayaan. Nyaéta kaayaan panas jeung kaayaan tiris nu kacida. Dina hal ieu pisan, kaayaan jalma nu mati sok beda-beda kaayaanana.  
[8]   Dina naskah aslina teu jelas dina seratana.
[9]   Naskahna kapeugat/mun sapotong, ampir saba’it teu aya.
[10]  Sakumaha Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an surat Al-Isra’ ayat 72:
ومن كان فى هذه أعمى فهو فى الأخرة أعمى وأضل سبيلا
“ Sing saha jalmana nu kaayannana di ieu alam dunya buta (buta haté), maka di akherat jaga bakal leuwih buta tur sasar kacida”
      Ogé dina surat Al- Haj ayat 46:
فإنه لا تعمى الأ بصار ولكن تعمى القلوب التى فى الصدور
                              “ Maka saéstuna lain buta mata lahiriah tapi buta haté nu aya dina sajeroning dada”
[11] Mun Saur sunan Kali jagamah panginten “Mati sajeroning urip” hartina urang téh kudu tatan-tatan/siap-siap ti ayeuna keneh keur nyanghareupan nu ngaran maot téa. Sabab, kalolobaan jalma, siga sieun kana maot téh tapi najan sieun ogé kana maot, ari kana persiapanmah siga teu malire, eh.... hare-hare baé.  Didieu konsép maot sajerona hirup, urang diperedih sangkan bener-bener ngisian ieu kahirupan, sabab alam dunyamah ukuran alam sampéuran atawa tempat reureuh pikeun nuju ka alam asal nu baheula bapa urang sareréa nyatana bapa Adam Jeung Babu Hawa asal diciptakeun. Kukituna jiwa manusa pasti bakal balik ka alam geusan ngajadi. Urang ulah poho kana fitrah urang salaku makhluk Alloh nu suci. Nu dina asalna ogé apanan urang téh geus ariman tur geus be’at langsung dipayuneun Alloh Ta’ala, yén urang téh moal rek midua anjeun-Na, urang tos ikrar dina mangsa alam rahim nalika Alloh naros “Alastu Birobbikum ?’” urang sareréa ngajawab “Balaa syahidnaa..”.
Sakumaha dina kitab “Tanwirul Quluub” dijelaskeun yén jiwa manusa téh asalnamah mibanda “Lathifatur-Robbaaniyyah” (cahaya ka-Pangéranan), jeung kacida deukeut hubunganna jeung Alloh Ta’ala, salawasna teu weleh-weleh ngaagungkeun, tur nyucikeun Alloh, tur nu dipikanyaho ku roh jiwa manusa téh anging Alloh wungkul. Tapi, sanggeus roh jiwa manusa diasupkeun tur aya hubungan jeung jasad manusa, didieu roh jiwa manusa téh nyaho yén aya nu sejen salian ti Alloh s.w.t.  Tur didieu pisan titik awwal tumuwuhna naon nu disebut “poho”. Poho kana asal kajadianana salaku jiwa nu mibanda “Lathifatur-Robbaaniyyah” (cahaya ka-Pangéranan), maranehna poho kana tugas nu kudu dilaksanakeun tina mangpirang-pirang parentah Alloh atawa kabisaaan nu geus dilaksnakeun saméméh maranehna diasupkeun kana jjasad téa. Hal ieu téh disababkeun ku akibat sagala nu salian Alloh (kaa’inat, kaun/aghyar) téa nu anyar dipikanyaho ku maranehna nguasaan kana jiwana nu ceuk bahasa suluk téamah “Munthori’atan Fi Mir’atih” (sagala nu anyar tadi nempel kuat dina mata haté). Maka ku sabab éta pisan perlu ayana peringétan/pengeling-ngeling, nya Alloh ngirim/ngutus para rasul kalebet Rosululloh s.a.w.  sakumaha Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an surat Adz-Dzariyat ayat 55:
وذكر فإن الذكرى تنفع المؤمنين
“Bere pangeling-ngeling ku Anjeun (Muhammad) saéstuna  pangeling-ngeling éta kacida aya manfa’atna pikeun jalma-jalma nu ariman”
     Nglaksanakeun sagala nu dipepelingkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. boh nu bentukna larangan atawa parentah éta téh mangrupakeun wasilah pikeun nagberesihkeun haté, jiwa jeung perasaan nu kacida gede manfaatna.
Jiwa nu tadina saméméh dibungkus ku jasad, dina kaayaan beresih tur suci, tuluy jadi kotor ku akibat kaeunteupan panyakit “poho kana purwadaksi” téa poho kana kaayaan awal kajadian téa, tah ku jalan urang ngalaksanakeun pepeling nu sumpingna ti Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. nu mangrupakeun alat pikeun ngaberesihkeun jiwa, maka urang bakal bisa deui balik deui kana kajadian awal urang tur bakal tepung nyaksian ‘Al-Haq” nyatana Alloh Ta’ala siga behuela. Nu saterusna urng bakal nyaksian ‘Arasy-Na Alloh, Kursy-Na Alloh, jeung réa-réa deui sajaba ti éta nu aya di alam Malakut.
Jadi paeh sajeroning hirup téh nyaéta ngeling keun diri pribadi yén jasad anu diancikan ku urang téh barang anyar nu bakal keuna ku rusak, nu hiji waktu bakal mati, nu hiji waktu bakal balik ka asal, ngan nu jadi pertanyaan urang balik ka asal téh engke naha bakal bis jadi deui jiwa nu mibanda “Lathiratur-Robbaniyyah” nyatana jiwa nu miband cahaya kapangéranan téa naha henteu ?. Tah ieu meureun nu disebut neangan ka sampurnaan hirup téh, nyatana ngudag-ngudag deui atawa ngayakeun tarekah geusan ieu jiwa téh mibanda deui cahaya kapangéranan téa nyatana “Lathifatur-Robbaniyyah”.  Sabab sifat ka-Pangéranan éta nu ngabedakeun manusa jeung sato sakumaha sapalih ‘Arif Billah nyarios:
ألحقيقة الربانية ألتى تميز بين الإنس والحيوان
“Hakikat ka-Pangéranan nu aya di diri manusa nu ngabedakan antara manusa jeung sato”
Malihan lamun manusa geus manggih atawa geus bisa mibanda sifat Robbaniyyah-na deui atawa geus balik deui ka asal tur mibanda “lathifatur-Robbaniyyah” téa, maka éta manusa téh kaasup golongan para kakasih Alloh, da tadina téa manusa keur acan diasupkeun kana jasad, masih berbentuk jiwa (roh) manusa jadi kakasih Alloh, da deukeut téa sareng Alloh, salamina ngaagungken tur nyucikeun Manten-Na.   
[12]  Redaksi nu sami ngeunaan hadits Nabi s.a.w. ieu, sakumaha nu diuningakeun ku Jalaludin Rakhmat dina bukuna “Meraih Cinta Ilahi, Perspektif Sufistik” Terbitan PT. Remaja Rosda Karya, Bandung. Citakan Kalima, Titimangsa November 2001, nyaéta: موتوا قبل أن تموتوا “Paeh anjeun saméméh anjeun paeh”. Miturut Jalaludin Rumi dina nafsirkeun ieu Hadits Nabi s.a.w. yén dina hadits éta aya dua kali kecap “maot”, hal ieu nuduhkeun yén aya dua kalii maot. Nu kahiji dina kecap “تموتوا éta nuduhkeun kana maot ‘alami’ atawa kana "ألموت الطابعى" ieu maot nu lumrah disaksian ku urang, nu mangruapekun taqdir Alloh s.w.t.  Anapon nu kadua dina kecap  موتوا  ieu kecap téh nuduhkeun kana maot mistikal atawa maotna ego, atawa bisa disebut maotna diri pribaadi, tegesna ilangna rasa umangkuh kana kaayaan diri, sabab diri pribadi mangrupakeun titipan, teu aya hak pikeun miboga, anging Alloh s.w.t. nu gaduhna.  Sahingga Ibnu ‘Aroby nyebatna maot hal kieu téh disebut Maotna kahayang, maotna hawa nafsu kaduniawiyan atanapi  "ألموت الإراد".  
Ngomongkeun masalah maot lain hal gampang, sabab disamping pangaweruh manusa ngeunaan hal éta terbatas, ogé akibat kasedihan jeung kasieun sering ngalimpudan nalikung kaayaan keur ngabahasna. Kitu ceuk Quraish Shihab dina bukuna “Membumikan Al-Qur’an, Fungsi dan Peran Wahyu dalam Kehidupan Masyarakat”  Terbitan  Mizan Pustaka, Bandung. Citakan ka-26, Titimangsa Sya’ban 1424 H./Oktober 2003. dina bab “Kematian Dalam Al-Qur’an”. Kaca 237- 240. anu leuwih jelas Quraisy Shihab nyutat hiji Dawuhan Alloh s.w.t. dina Surat Az-Zumar ayat42:
ألله يتوفى الأنفس حين موتها والتى لم تمت فى منامها فيمسك التى قضى عليها الموت ويرسل الأخرى إلى اجل مسمى إن فى ذلك لأيت لقوم يتفكرون 
“Alloh ngagegem (nyepeng) jiwa (jalma) nalika paraeh,  jeung (Alloh) ngagegem (nyepeng) jiwa (jalma) nu can paeh nalika keur sare. Tuluy Alloh nahan (jiwa jalma) nu geus ditibankeun katangtuanana papastenna. Jeung alloh ngaleupaskeun deui jiwa (jalma) nu liana (nu sare), tug nepi ka mangsa anu geus ditangtukeun. Saéstuna dina hal éta téh kakandung ayat-ayat pikeun kaom nu malikir”.
Ayat di luhur ngagambarkeun maot téh lir ibarat sare.  Malahan pihartieunana sacara gamblang dijelaskeun ku Hadits kanjeng Nabi Muhammad s.a.w., nalika Anjeunna di taros ku salah saurang Shohabat: “Naha di sawerga téh aya kulem, ya Rosulloh ?”. Rosululloh s.a.w. ngawaler: “Sare téh dulurna paeh, di surga mah moal aya paeh, sahingga sare ogé moal aya”. Dina hal ieu apanan Kanjeng Nabi s.a.w. nganjurkeun supaya nalika urang hudang tina sare supaya ngadu’a:
ألحمد لله الذي أحيانا بعد ماأماتنا وإليه النشور
“Sagala puji kagungan Alloh nu tos ngahirupkeun abdi-abdi sadaya saba’da anjeunna ngamaotkeun abdi-abdi sadaya”.
Masalah maot kacida dipikahariwang ku kalolobaana manusa. Ahli Mitos, filsafat ogé ahli élmu pangaweruh, teu mampuh méré jawaban anu pasti,  iwal ti agama nu mampuh méré jawaban, ngaliwatan Al-Qur’an agama urang agama Islam méré jawaban nu tangtu, tur dina Al-Qur’an lewih ti 300 ayat ogé ratusan hadits anu ngabahas ogé ngauningakeun ngeunaan pasualan maot. Boh hadits anu shoheh ogé hadits anu dhoif mungguh ahli Hadits.
Mun ditilik-tilik ditalungtik aya dua hal anu kakandung dina al-qur’an ngeunaan maot, nu kahiji maot disebat “mushibah” , teu disebut musibah kumaha da anggapan sapalih manusamah yén maot téh alat misahkeun kangeunahan, keur ngeunah-ngeunah, keur bétah-bétah hirup di alam dunya geletuk baé maot, meureun kangeunag, kabétah téh kapegat nepi kadinya, da anggapan umum-mah yén saban-saban nu megatkeun atawa nu misahkeun kangeunah éta musibah. Terkadang seueur manusa nu sieun kana maot téh. Najan rasa sieun nyampak dina dada tapi masih loba keneh dulur urang nu saAkidah sa-agama teu nyiapkeun ti ayeuna keneh pikeun nyanghareupan maot éta. Padahal geus jelas yén dina Al-Qur’an dijelaskeun Dina Surat Ali Imron ayat 185 Alloh ngadawuh:
كل نفس ذآئقة الموت وإنما توفون جوركم يوم القيامة فمن زحزح عن النار وأدخل الجنة فقد فاز وما الحيوة الدنيا إلا متاع الغرور  ﴿أل عمران:185 ﴾
“Sakur anu nyawaan mah bakal ngalaman maot, wawales ka maraneh ngan wungkul baris dicumponan dina poé kiamah, ku sabab éta, sing saha anu disingkirkeun tina seuneu naraka sarta diasupekeun ka sawarga, éta jalma téh ka asup anu untung, kahirupan dunyamah taya lian ngan kasenengan nu palsu”.
Nu kadua, disebutkeun yén maot téh mangrupakeun anugerah Alloh swt. naon sababna disebut anugerah ? sabab maot téh hiji-hijina jalan pikeun nuju kabagjaan nu abadi. Jadi, jelas yén maot téh jalan, sing saha baé jalmana kumaha baé bentukna, pasti bakal ngaliwatan jalan éta, tur éta jalan téh mangrupakeun jalan pikeun tepung ka tempat dimana éta tempat téh nu bakal jadi tempat panganjrekkan urang nu salalawasna, abadi langgeng teu aya tungtungna.
Dumasar kana hal éta maka Kanjeng Nabi Ngadawuh: “Prak diajar maot ti ayeuna keneh saméméh anjeun tepung jeung maot nu geus dipastikeun”  موتوا قبل أن تموتوا” hartosna urang kudu tatan-tatan nyiapkeun diri pikeun pibekelan urang jaga ngisian alam anu langgeng taya tungtungna nya akherat téa ngaranna.       
[13]  Aya tilu rupa jalma dina nyuprih élmu Ma’rifat, sakumaha anu dijelaskeun  ku Imam Ahmad Al-Husni dina   kitabna “Aiqadzul Himam”:
                من عرف ألله به فهو عارف على ا لحقيقة , ومن عرفه باالدليل فهو متكلم , ومن عرف باالتقليد وهو عامي  ﴿أيقاظ الحمام ﴾
“Sing saha jalmana nu ma;rifat ka Alloh ku Alloh, maka éta jalma kaasup Arif anu hakiky, jeung sing saha jalmana nu ma’rifat ka Alloh ku Dalil (atawa lewat jalan nyuprih katerangan) maka éta jalma ka asup golongan “ahli kalam”, jeung sing saha jalma nu ma’rifat ka Alloh, ku jalan ilu-iluan (taqlid) maka manéhna kaasup golongan jalma nu awwam”.
[14] Tingali catétan no. 4
[15] Didieu teu dijelaskeun tarekat wali saperti kumaha, didieu simkuring wawantunan nyutat hiji katerangan manawi aya kaitan sareng katerangan ngeunaan tarekat wali. Sateuacanna sakumaha nu dijelaskeun dina catétan no. 13 di luhur, nu ngajelaskeun yén tingkatan nu kahiji dina ngagolongkeun tingkatan jalma nu Ma’rifat ka Alloh, tur nu ka asup kana golongan jalma nu kaasup tingkatan nu kahiji nyatan Waliyulloh/ Auliya Alloh. aya katerangan nu nyebutkeun yén para ulama ngabagi dua golongan para Auliya Alloh, diantarana nyaéta:
1.        Wali Istiqomah, nyaéta hiji jalma anu kaasup ‘Arif Billah nu sikep jeung tingkah lacuna sapopoé saperti jalma bisaa (teu nyirikeun bisa disebut nyumput buni di nu caang, nembrak bari teu katembong), tapi kaistiqomahan dina ngajalankeun Agama (syaré'at) kalayan bener-bener, kawanina teu bisa diragukeun, kapribadianana tuladaneun, wibawana kacida gede pangaruhna,  tur mampuh mimpin umat, tu ku Alloh dipaparin karomah. Saluyu rejeung Dawuhan Alloh dina surat Yunus ayat 62:
إنا أولياء الله لا خوف ولا هم يحزنون
“Saéstuna para kakasih Alloh téh teu pernah ngarasa sieun reujeung ka gimir komo ngemu rasa kasusah”
2.        Wali Majdzub, nyaéta kaumuman golongan Wali Majdzub-mah prilakuna beda jeung kabisaaan jalma-jalma ilaharna, ha lieu téh nu disebut (Khoriqul ‘Adat) tapi hartina maranehna ngalakukeun hal-hal maksiyat (kaluar tina syaré'at), sabab pikeun maranehna ku Alloh di jaga jeung diriksa tina hal-hal nu ma’shiyyat  (kaluar tina syaré'at) téh.  Ari hartina Majdzub, nyaéta “ditarik”, yakni kawalian-na-na langsung dipaparin ku Alloh, pikeun dirina sorangan.
Jadi bedana antarana du kapangkatan wali nu di paparin ku Alloh téh, ari Wali Istiqomah-mah mampu mingmin umat, tegesna kawalianana lain wungkul keur sorangan tapi ogé keur ummat. Sedengkeun wali Majdzub-mah khusus keur diri sorangan wungkul.
Tah mungkin (bisa bener bisa henteu) nu dimaksud “tarekat wali” didieu nyaéta tarekat atanapi ajaran para wali istiqomah, golongan kawalian nu kahiji, da nilik kana kawalianana ogé geus jelas, yén wali istiqomah-mah salian keur pribadi ogé bisa bari mampu mimpin umat pikeun méré obor ka jalma/umat dina raraga ngadeukeutkeun diri ka Alloh Ta’ala (nyatana Ibadah).
[16] Dina kitab “Haqiqotul Ma’arif” karangan K.H. Siroj Al-‘Arif Billah nu ditarjamahkeun ku Ust. Manshur Irsan, ngauningakeun masalah Jauhar Awwal, nyéta:  Jauhar Awwal téh bisa diebut ogé (Alam Kabir) yakni Roh ‘Idhofy. Tegesna Alloh nalika bade ngawitan ngahias diri (Alloh) (bersolek ceuk bahasa melayu-mah) atawa “Isyqil jalal  (nyipatakeun  nu disebut “Jauhar Awwal” atawa “Alam Kabir atawa ‘Roh Idhofy” , nu hakékatnamah tina Qudrot (kakawasaan), Irodah, ogé ka-tunggal-an Alloh s.w.t. Tegesna, sakabéh makhluk jeung alam ciptaan Alloh saperti ayana ‘Arsy, Korsy, Lauhil-Mahfudz, Qolam, Langit, Bumi katut  eusina, surga jeung naraka, sarta sakabéh panghunina, ogé sagala kaendhan saperti ayana matahari, bulan, bentang jeung langit katut sakabéh ahlina kaasup manusa, malaekat, jin, syétan  jeung perkara nu aya, éta kabeh kaluar bijil tina “Roh Idhofy”, ku akibat beresihna ‘Nurulloh’ jeung Kasampurnaan-Na-na, tur éta kabeh téh mangrupakeun cirri tina kaagungan Alloh Ta’ala, sakumaha kaunggel dina Hadits Qudsy, nu hartosna: “Kami (saur Alloh) nyipakeun anjeun (hai Nur Muhammad) pikeun ngawalatrakeun Kaagungan Kami (Alloh), jeung Kami (saur Alloh) nyiptakeun sagala perkara nu aya, pikeun nuduhkeun bukti kaagungan anjeun (Muhammad)”.
        Isyqi” didieu, miturut ahlul isyarot, yén ngahias diri-Na (Alloh) éta lir ibarat rupa nu katingali dina kaca eunteung, nya rupa éta pisan nu disebut ‘Ainul ‘Isyqi’ jeung éta pisan wujud-Na Dzat nu muthlaq téh. Isyqulloh éta aya dua: nyaéta kahiji, “‘Isyqul Jalal”, nyaéta sifatna Qodim tur éta pisan “Ainul Isyqi  (kacida jelas ngahias diri-Na (Alloh) téh).
Jeung nu kadua “‘Isyqul Jamal”.nyaéta sifatna henteu tetep dina Dzat-Na Alloh, éta pisan wujud-Na Dzat Alloh nu muthlaq (tegesna wujudna sakabéh alam).
[17]  Ayat ieu kalebet dina surat Al-Baqarah ayat 156, anu lengkepna nyaéta:
ألذين إذآاصابتهم مصيبة قالوا إنا لله وإنا إليه راجعون   (ألبقرة : 156 ﴾
“Nyaéta jalma-jalma anu dina mangsa katibanan musibah (maranehna) ngarucapkeu: ‘Saéstuna abdi sadaya téh kagungan Alloh, sareng saéstuna abdi sadaya téh baris mulang ka Anjeun-Na” (Innaa Lillaahi Wa Innaa Ilaihi Rooji’uun)”.
Konsép “Innaa Lillaahi Wa Innaa Ilaihi Rooji’uun” ngeunaan manusa balik deui ka Alloh nu asal ogé ti Alloh, maksduna yén papasten manusa maot pasti bakal datang, sakumaha dawuhan dina Al-Qr’an surat Al-Mu’minun ayat 15-16:
ثم إنكم بعد ذلك لميتون ثم إنكم يوم القيامة تبعثون  (ألمؤمنون  : 15-16 ﴾
“Tuluy sanggeus kitu (sanggeus manusa diciptakeuntur hirup di alam dunya ieu), saéstuna maraneh kabeh bakal paraeh, saéstun maraneh kabeh bakal dihudangkeun (ti alam kubur) dina poéan akhirat”
sabab ngarupakeun proses “perubahan”/”evolutif”, sabab saméméhna bentuk material/wujud kasarna manusa téh teu aya. Manusa téh lain naon-naon, sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Qur’an Surat Maryam ayat 67:
أولا يذكر الإنسان أنا خلقنه من قبل ولم يك شيئا (مريم : 67)
“Jeung naha manusa téh teu inget, yén saéstuna Kami (Alloh) geus nyiptakeun manéhna baheula, sok padahal manéhna can ngabentuk naon-naon (can mangrupa naon-naon pisan)”.
Alloh nyiptakeun manusa jeung kahirupanana. Sanggeus sacara material/wujud kasar ngabentuk manusa. Manusa ngalaman proses “perubahan’, nu kahiji “Daurush-Shiba” (mangsa keur orok), tuluy nu kadua“Dauruth-Thufuulah” (mangsa keur budak) didieu bisa ogé disebut “Daurul Ghulam”, nu katilu “Daurusy-Syabab” (mangsa rumaja atawa pamuda), tuluy nu ka opat “Daurur-Rojulah” (mangsa dewasa, jeung nu terakhir nu kalima “Daurusy-Syaikhukhoh” (mangsa kolot-rempo) tuluy akhirna lemah sampé ka maotna. Hal ieu téh nu disebut manusa ngalaman proses “evolutif” téa, tur ka keunaan ku siklus “lemah-kuat-lemah” dina wujud manusa. Kitu ceuk Prof. Dr. Juhaya S. Praja dina bukuna “Tafsir Hikmah” terbitan PT. Remaja Rosdakarya, Bandung. Citakan kahiji taun 2000 kaca 191-94.
          Lewih jelasna deui Prof. Dr. Juhaya S. Praja, ngajelentrekeun kalayan nyutat Dawuhan Alloh dina Surat Al-Qur’an Ar-Ruum ayat 54:
ألله الذي خلقكم من ضعيف ثم جعل من بعد ضعف قوة ثم جعل من بعد قوة ضعفا وشيبة يخلق ما يشاء وهو العليم القدير (ألروم  :94)
“Nya Alloh, nu ngayugakeun maraneh tina nu lemah, tuluy Anjeun-Na (Alloh) nu ngajadikeun saba’da lemah téh jadi kuat, tuluy ngajadikeun saba’da kuat téh rarempo jeung kolot. Nya anjeun-Na ny ngajadikeun sagala anu ku Anjeun-Na di kersakeun, jeung nya Anjeun-Na nu Maha Uninga tur Nu Maha Kawasa”.
Nya didieu loba bukti nu kasaksi jeung katingali yén nu ditakdirkeun ku Alloh ogé umur panjang tetep akhirnamah bakal ngalaman mangsa-mangsa kolot-rempo tur lemah Sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Qur’an Surat Yaasin ayat 68:
ومن نعمره ننكسه فى الخلق أفلا يعقلون  (يس  :68 ﴾
“Jeung sing saha nu dipaparin ku Kami (Alloh) umur panjang, maka kami bakal mulangkeun maranehna kana asal kajadianana nyaéta lemah jeung kurang akal, naha maraneh teu malikir”
Manusa ngaliwatan tahapan-tahapan dina kahirupan fisik-material nu tuluyna asup kana rahim indung-indungna, terus ngalaman perubahan proses-prosesna satahap demi satahap nu akhirna manéhna lahir ka alam dunya. Sanggeus lahir jeung hirup di alam dunya ieu ogé manusa ngalaman mangpirang-pirang perubahan nu akhirna manéhna balik ka geusan ngajadi kalawan di heularan ku Maot téa. Tur saba’dana maot manusa bakal asup ka alam lain, yakni alam ma’khsyar nu saméméhna manusa di “harirupkeun deui” nyatna dina ‘Yaumil Ba’ats’. Tur kajadian ieu téh moal leupas hubunganana jeung bumi/taneuh nu ngarupakeun asal-usul manusa diciptakeun. Sakumaha dawuhan Alloh  dina Al-Qur’an surat Al-A’raf ayat 25:
قال فيها تحيون وفيها تموتن ومنها تخرجون  (ألأعرف :25 ﴾
“Alloh ngadawuh: nya didinya (bumi/taneuh) maraneh harirup, jeung didinya maraneh baris paraeh, jeung didinya maraneh baris di kalurkeun.”
Dina kitab “Haqiqotul Ma’rifat” deijelaskeun ngeunaan konsép “Innaa Lillahi wa Innaa Ilaihi Rooji’uun” yén anu kaasup golongan ‘Al-Arif Billah nu sampurna, moal ngarasa yén dirina téh boga Ma’rifat. Tapi ku nyaho kana Ma’rifat ogé éta sabenernamah milik Alloh s.w.t. sabab, para ‘Arif Billah nu sampurna moal ningali salah sahiji perkara iwal ku Alloh nu ngagerakkeun, sabab manéhna geus aya dina ka-fana-an, nu aya wungkul ‘baqa-na (ka abadian) Alloh nu aya dina jero parasaanana. Maka kabeh urusannana didadasaran ku Billah, Fillah, ‘Alalloh. ‘Indalloh, Ma’alloh, Minalloh, dan Ilallooh. Jeung diri manéhna (Al-Arif Billah Al-Kamil) mimitina asal ti Alloh jeng akhirna ogé bakal balik ka  Alloh. Sahingga dzohir-na mibanda Akhlaq kalayan Akhlaq Alloh, jeung bathinna ogé bathinna Alloh. Nu ngandung harti, manéhna (Al-Arif Billah Al-Kamil) bisa mulangkeun sagala perkara ka Alloh Ta’ala.       
[18] Hal ieu luyu reujeung dawuhan Alloh swt. Dina surat
[19] Tingali catétan No. 16 ngeunaan johar awwal téa.
[20] Tambihan:  Dina kitab “Haqiqotul Ma’arif” karangan K.H. Siroj Al-‘Arif Billah nu ditarjamahkeun ku Ust. Manshur Irsan. Ngauningakeun: Kanyahokeun yén sakabéh makhluk saperti langit, bumi tujuh lapis, jeung eusina kabeh éta sabenerna wujud-Na Alloh Ta’ala, geus haq, yaqin, teu perlu dimang-mangkeun deui, sabab saéstuna sakabéh makhluk ibarat rupa nu katembong dna jero kaca eunteung (kalangkang) sedengkeun Alloh éta nyata di luar kaca euteung (nu ngaca). Alloh ‘Asyiq (nu ngeunteung/ngaca) , makhluk Ma’syuq (nu dijero kaca eunteung). Nabi Muhammad s.a.w. tos ngadawuh, “Kanyahokeun yén satemennna Alloh nalika acan ‘Isyiq (ngeunteung) zaman éta euweuh, tempat, luhur, handap. Kiwa. Tengen, perumpamaan, paribasa/mitsal, kabeh ogé acan aya. Zaman ogé bisa disebut zaman nu acan aya nanaon nu ay ukur Dzat Alloh, kosong molongpong lir ibarat ‘galeuhna kangkung’. Hartina dina waktu harita (qobla ‘Isyiq) acan aya naon-naon, nu aya wungkul wujud-Na Alloh, nyaéta ngarupa wujud Dhiya’ (caang narawangan), beresih, jernih. Caangna teuya watesna, gumantung tanpa ngagantung, hurung tanpa seuneu, tanpa sumbu, caang teu siga listrik. Cindeknamah teu aya tandinganana. Kukituna éta nu disebut “Nurulloh” فما بقي بالذات فهو ضيائ وما بقي بالصفات فهو نور
Tuluy alloh ‘isyq, lngsung nyiptakeun Nur Muhammad kalayan Qudrot sareng irodah-Na. Hal ieu sakumaha nu kaunggel dina Hadits Qudsy:
خلقتك لأجلي وخلقت الأشياء لأجلك
“Kami nyiptakeun anjeun (nur Muhammad). Tegesna, Kami (Alloh) nyiptakeun anjeun pikeun ngawalatrakeun Kaagungan Kami. Jeung Kami nyiptakeun sagala perkara pikeun ngawalatrakeun Kaagungan anjeun, kamulyaan, jeung kasampurnaan anjeun. Sarta nembongkeun kakasih Kami nukami kacida mikacintana (nyatana Nur Muhammad)”.
Kanyahokeun yén Alloh nyiptakeun malaikat tina nur (cahaya) manusa jeung Alloh nyiptakeun mnusa tina nur Muhammad. Nur Muhammad téh lir ibarat eunteung nalika wijudna tos sampurna, tuluy Alloh ngadawuh “Kun Fayakuun” jadi anjeun (sakabéh alam) maka ala méta ngawujud ibarat rupa nu katembong dina jero kaca eunteung. Rupa nu aya dijero kaca euntueng éta pisan nu disebut roh idhofy. Didieu urang bisa ngabedakeun antra nur Alloh jeung nur Muhammad. Ari Nur Alloh-mah ngajadi sikina kahirupan ieu alam, sedengkeun nur Muhammad-mah jadi hirupna ieu alam sakabéh. Jadi nu boga hirup téh Alloh, nu narima nyawa téh Alloh. Jadi, urang téh asal ti Alloh, bakal balik deui ka Alloh. إنا لله وإنا إليه راجعون    
[21] Tingali catétan no 12. ngeunaan katerangan “Johar Awwal”.
[22] Al-Qur’an surat Asy-Syuuro ayat 11 nu lengkepna ieu ayat, nyaéta:
فاطر السموات والأرض جعل لكم من أنفسكم أزواجا ومن الأنعام أزواجايذرؤكم فيه ليس كمثله شيئ وهو السميع العليم  (الشورى :11)
“Anjeuna (Alloh) nu ngadamel langit jeung bumi, Anjeunna nu geus ngajadikeun jodo-jodo maraneh, jeung Anjeuuna nu geus ngajadikeun ti bangsaning ingon-ingon sajodo-jodo deuih, tur nya Anjeunna nu geus ngajadikeun rundayan maraneh dina kaayaan kitu, Henteu aya sarpaning ogé anu saperti Anjeunna, jeung anjeunna nu Maha Ngadangu ogé Nu Maha Uninga kana saban-saban perkara” .
    Ngeunaan ayat ليس كمثله شيئ  ieu, Al-Wasithy dina Kitab “At-Tahbir Fit-Tadzkir” karangan Abdul Karim Al-Qusyairy,  cumarita: “Moal aya dzat nu sarupa reujeung Dzat-Na (Alloh), tur teu aya perbuatan  nu sarupa reujeung  Af’al-Na (Alloh), ogé teu ay sifat nu sarupa reujeung sifat-Na (Alloh). iwal ti sarua dina ngucapkeun lafadzna wungkul, Lamun geus dikanyahokeun kitu, maka hal éta téh ka golong pasualan Tauhid”. Sabab Alloh-mahتبارك وتعالى  hartina Nu Maha Agung,  Maha Suci, tina sifat kakurangan, Kaberkahan nyaéta kamanfa’atan jeung tambahan nu kacida ngalimpah ruahna. Bisa ogé diartikeun “kahadean nu loba tina sagala perkara”.
[23] Tingali catétan no. 11 ngeunaan “lathifatur-Robbaniyyah”
[24] Ngeunaan katerangan hal “Tasydid Muhammad” nu nganggit acan mendakan katerangan anu pasti, mudah-mudahan dina pedaran nu sanes, ngan didieu pribados ngauningakeun katerangan nu sumpingna ti Syaikh Abu Hayyulloh Al-Marzuqy Al-Maliky:
إعلم للحروف أسرار كثير لا يدركها إلامن اصطفى الله من عباده (جواهرالمامة)
“Kanyahokeun saestuna huruf eta mibnda rahasia-rahasia nu kacida lobana, tur moal kabuki eta rusiah huruf oge bisa paham kana jeuroanna eta huruf anging jalma-jalma nu dipilih ku Alloh di antara hamba-hamba-Na”
Dikalangan para ulama sufi loba diantarana nu ngaguar ajaran tashawuf kalayan ngangge ‘ilustrasi’ atawa gambaran ku mangrupa huruf. Sanajan hal eta teh teu ngajadikeun hiji rumusan nu bisa disebut atawa kaasup dalil atawa nash. Tapi harti atawa maksud nu bisa ditangkep tina rumusan-rumusan eta mere kapuasan keur maranehna nu ngambah sagara ka-sufi-anana. Kajaba ti eta guaran-guaranna bener-bener mere kajelasan pikeun ajaran-ajaran tashawuf.
Langkung-langkung ti eta malah ahli hikmah-mah boga anggapan yen huruf jeung angka ngarupakeun bagean nu teu bisa dipisahkeun jeung ditinggalkeun. Maranehna boga anggepan yen huruf jeung angka mibanda kakuatan ‘magis’ oge ‘sugesti’ atawa pangaruh nu hese dipaham ku akal biasa. 
[25] Sakumaha dina catetan no. 3 yen Syékh Ihsan Muhammad Dahlan Al-Jampisi Al- Kediri, dina kitabna: “Sirojuth-Thoolibiin, syarah Minhajul ‘Abidin Ila Jannati Robbil ‘Alamiin”, terbitan Musthafa Al-Baby Al-Halaby, Mesir, nu ngauningakeun:
وأما المعرفة  فالمراد بها أن يعرف أربعة أمور : يعرف نفسه ويعرف ربه ويعرف الدنيا والأخرة, فيعرف نفسه بالعبودية والذل والإفتقار, ويعرف ربه بالسيادة والعظمة والإقتدار , ويعرف أيضا بكونه غريبا فى هذاالعالم مسافر ا منه إلى دار الأخرة
 (سراج الطالبين)
“Nu dimaksud ma’rifat téh nyaéta opat perkara: 1) Wawuh/wanoh/apal ka diri pribadi; 2) Wawuh/wanoh/apal ka Alloh Ta’ala; 3) jeung nu ka 4) Wawuh/wanoh/apal ka dunya jeung akherat. Nu dimaksud wawuh/wanoh/apal ka diri pribadi téh nyaéta ku netepkeun sifat ka-hambaan- (Ubudiyyah), nyatana ngarasa hina dipayuneun Alloh tur bari munajat bari salawasna ngarasa butuh ka Alloh Ta’ala, kalayan ku Kamulyaan-Na-na, Kaagungan-Na-na, ogé ku Kakawasaan-Na-na. Ogé wawuh/wanoh/apal ka diri pribadi nu dimaksud didieu nyaéta ngaku bari rumasa yén diri téh asing di ieu alam dunya téh, ngan ukur jadi musafir (nu keur ngalalana) di alam dunya pikeun nuju ka alam akherat”.
Didieu oge tos jelas yeng aya opat perkata dina raraga Ma’rifat ka Alloh teh, nyaeta: Nu kahiji,
1) Wawuh/wanoh/apal ka diri pribadi;
2) Wawuh/wanoh/apal ka Alloh Ta’ala;
3) Wawuh/wanoh/apal ka dunya;
4) Wawuh/wanoh/apal ka akherat.
Tur aya katerangan din kitab ‘Ad-Durrun-Nafis’ yen “nu Hiji/tunggal aya di nu loba, nu loba aya di nu hij/tunggal” (Syuhuudul Wahdah Fil-Katsiiroh, Wa Syuhuudul-Katsiiroh Fil-wahdah) ieu hal sami sareng ucapanna Imam Al-‘Asyari (tokoh Ahlus-Sunah Wal-Jama’ah) nu ngajeulaskeun yen “Wujudna (Alloh) eta nyata ayana dina nu Maujud (nu bentuk)” (Al-Wujuudu ‘Aenul Maujuud).
Anapon maksud tina Ucapan “Nu Hiji/tunggal aya di nu loba” (Syuhuudul Wahdah Fil-Katsiiroh), nyaeta maksudna taya kajaba nalika urang ningali awak urang/raga urang ti luhurna sausap rambut tepi ka handapna sahibas dampal, mulai tina panon jeung ningalna, ceuli jeung dengena, baham jeung omongna, lisan jeung ucapna, irung jeung ambeuna, kulit jeung rasana, leungeun jeung keupatna, suku jeung lengkahna, jeung sajabana nu aya dina wujud urang, maka urang kudu timbul dina “Dhihin Pinasti” atawa dina pikiran nu pasti,  bari urang ngayakeun tafakur kalayan imeut tur pasti pinuh konsentrasi, bakal aya pertanyaan “timana datangna daya kakuatan ieu teh?” Tuluy ku urang nanya ka diri urang, jeung jawab ku diri urang, tinangtu bakal kapanggih jawabana “Yen satemenna ieu kabeh henteu bisa henteu tur pasti daya sareng kakuatan nu dilakukeun ku diri jeung memang ayana di diri urang teh, eta taya kajaba anging kakawasaan Alloh, anging wujud alloh nu maujud di diri urang. Jadi neangan pangeran ulah jauh tina wujud, ulah anggang dina raga urang. Geuningan lamun ditafakuranmah kakawasana Alloh teh ngawujud ngabukti ayana dina diri urang. Tegesna urang teh minangka bukti yen Alloh wujud, yen Alloh teh aya. Pon kitu keneh sagala makhluk nu kumelit di alam dunya eta sadayana minangka bukti yen Alloh teh wujud.
Anapon ucapan yen “nu loba teh aya din u tunggal” (Syuhuudul-Katsiiroh Fil-wahdah) nyaeta maksudna taya kajaba yen ieu sagala nu aya mangrupakeun dadamelan Manten-Na Alloh ‘Azza Wajalla, sabab moal aya loba lamun teu aya nu saeutik, saeutik didieu ngandung harti nu ngajadikeun, da samemeh aya kecap jadi Alloh-mah tos jadi, jadina ku nyalira teu aya nu ngajadikeun, jadi Alloh-mah teu ka keunaan sabab akibat. Tur ayana Alloh eta aya ku nyalira, samemeh aya kecap aya Alloh-mah parantos aya. Jadi nu loba aya di nu tunggal hartosna, Alloh nu ngajadikeun nu loba tur Alloh nu nyababkeun ngajadina nu loba (nyatana Makhluk tea).     
[26] Alqur’an Surat Qoof ayat 16, nu lengkepna éta ayat, nyaéta:
ولقد خلقناالإنسان ونعلم ما توسوس به نفسه ونحن أقرب من حبل الوريد  ﴿ ق : 16﴾
“Jeung saéstuna kami geus ngayugakeun manusa jeung kami uninga kana saniskara anu diharewoskeun dina haténa, lantaran kami leuwih deukeut ka manéhna batan urat beuheungna”.
Para ‘Arif Billah Ahlu al-Sirri nyarios: yén Alloh téh kalebet karabat ma’nawi, nya Manten-na nu jauh taya watesna jauhna téh jeung deukeut leuwh deukeut batan urat beuheung. Di sebutkeun deukeut teu bisa antel sareng Manten-Na, disebut jauh tapi urang sadaya moal bisa leupas tina panalingaan Manten-na. Tegesna yén Alloh téh deukeut, salawasna Alloh ningali, teu aya hiji perkara ogé anu luput tina pangawasan Alloh. ti mimiti kereteging manah nepikeun prakna milampah Alloh Maha Uninga. Alloh uninga kana sagala anu ka asup rahasia ogé sagala anu nyumput, sumawonna anu atra pertela tur jelas wujudnamah. Ku kitna urang salaku  Mu’min kudu yaqin yén teuaya hiji ogé boh di lautan atanapi didaratan nu bisa nyumput nyambuni tina paningali Alloh, salawasna Alloh ningali, ngan urang wungkul nu teu bisa ningali sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Qur’an Surat Al-Waqi’ah ayat 85:
ونحن أقرب إليه منكم ولكن لا تبصرون  ﴿ الواقعة : 85﴾
“Sarta kami leuwih deukeut ka manéhna batan maraneh, tapi henteu katenjo ku maraneh”
Kukitna para arif Billah ngawanti-wanti ka urang sadayana, kalayan cariosanna: “Yeuh kanyahokeun yén Alloh téh salawasna marengan  dimana baé aranjeun ayana “Walloohu Ma’akum Ainamaa Kuntum”. Mantenna nu Maha Kawasa kana saniskara nu aya, “Lahul Hukmu Wa Ilaihi Turja’uun” (Jeung keur Mantenna sagala Kaputusan museurna, jeung ngan ka Mantenna maraneh bakal dipulangkeun). Tur Alloh ngalimpudan kaayaan maraneh kabeh, hartina lir ibarat tembusna Maushuf (nu disifatan) ku sifat-na, jeung lir ibarat ngahijina sagara jeung ombakna nu sama sakali teu bisa dipisahkeun. Saumpama bisa dipisahkeun, maka anjeun-Na (Alloh) lain deui Dzat nu ngalimpudan kana kaayaan. Sok padahal tadi téa apanan teu aya sajeungkal ogé ka ayaan urang ieu nu teu leupas tina panalingaan Alloh”.
Ahlul Haq parantos nyarios: “yén hamba téh lir ibarat lauk, Alloh lir ibarat lautna, lauk nu aya di jero laut teu bisa nanaon iwal sagara nu jadi isyarat, yén Alloh éta nu ngalimpudan sagala Alam”.
Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. ngadawuh: “Iman ka Alloh nu paling utama nyaéta anjeun nyaho/apal yén Alloh éta salawasna marengan anjeun kabeh”.
Hal ieu téh sabab Alloh salawasna ningali naon-naon nu diamalkeun ku aranjeun kabeh “Wallohu Bimaa Ta’maluuna Bashiir”. Kukituna yakinkeun kalawan bener-bener yén aranjeun kabeh téh hamo bisa leupas tina panalingaan Alloh. Kanyahokeun yén Alloh mungkus/ngalimpudan sagala nu aya, termasuk maraneh kabeh. “Walloohu ‘Alaa Kulli Syaiin Muhiith”.
Ahli Ma’rifat nu sampurna geus nyarios: “Kanyahokeun yén Alloh téh ngalimpudan dan salawasna marengan di sakabéh tingkah paripolah maraneh di dunya tug dugi ka akherat.    
[27] Sanes Hadits tapi ayat AlQur’an Surat Al-isra’ ayat 70:
ولقد كرمنا بني آدم وحملناهم فى البر والبحر ورزقناهم من الطيبات وفضلناهم على كثير ممن خلقناتفضيلا
﴿ ألإسراء : 70﴾
“Jeung saenyana kami geus ngamulyakeun turunan Adam, sarta kami geus maparin tutumpakan di darat sarta di laut, pon kitu deui kami geus maparin rejeki ka maranehna tina rupa-rupa kadaharan anu harade; Jeung kami geus munjulkeun maranehna kalawan pohara punjulna batan makhluk-makhluk liana anu ku kami diyugakeun”.
       Ngeunaan ayat ieu, Imam Al-Ghozali dina kitabna: “al-Hikmatu fi Makhluqatillah Azza wa Jalla” terbitan Mushtafa Al-Halabi, Mesir, Taun 1352 H.– 1934 M.  Dialih bahasakeun ku Abdulloh Alkaf, kalayan judul Indondesiana: “Hikmah Penciptaan Makhluk,  Imam Al-Ghazali”, Terbitan Pustaka, Bandung. Citakan kahiji, Taun 1407 H./1986 M. Kaca  58, ngajeulaskeun kieu:
     Sawaréh tina kamulyaan anu paling utama, nu dipaparinkeun ka manusa, nyaéta diberena manusa akal, kalayan akal éta manusa mampuh nginget-nginget kahadean, malahan kalayan akal éta manusa bisa di sajajarkeun  jeung para malaikat, sahingga manusa bisa ma’rifat ka nu nyiptakeunnana nyatana Alloh Ta’ala, ku cara nafakuran sakabéh makhluk-makhluk nu diciptakeun ku Alloh s.w.t.  tur ngagunakeun mangpirang-pirang dalil-dalil (katerangan-katerangan) nu bisa nganyahokeun kana Sifat Alloh Ta’ala. Sarta kalayan cara nafakuran ngeunaan kaayaan dirina manusa sorangan.  Hal ieu téh saluyu reujeung dawuhan Alloh dina surat Al-Qur’an  Adz-Dzariyat, ayat 21:
وفى أنفسكم أفلا تبصرون
“Pon kitu deui dina diri maraneh nya naha maraneh teu nitenan ?” .
Dumasar kana ieu ayat, Imam Al-Ghazali ngajelaskeun deui, prak titenan ngeunaan manusa jeung dirina, ogé    prak tafakuran ngeunaan akal nu mangrupakeun amanat/titpan  ti Alloh s.w.t. ka diri manusa.  Dimana akal éta dipastikeun ayana. Tapi, ka teu mampuhna manusa pikeun méré sifat-na anu mangrupakeun bukti jeung tanda-tanda kaagungan nu nuduhkeun bukti ayana Dzat Nu Maha Nyiptakeun, nu Maha ngatur, ogé nu Maha Ngabentuk/Nyiptakeun. Pon kitu keneh akal nu aya dina diri manusa, nu mangrupakeun alat pikeun migawe hiji perkara, pikeun nyaluyuan katangtuan sarta ngaturna dina jero haté. Ku sabab hal ieu pisan, yén manusa téh satemenna dijadikeun salaku makhluk nu mulia. Sabab, dina diri manusa sorangan tos diciptakeun sagala perkara nu ngandung faedah.   
[28] Al-Qur’an Surat At-Tiin Ayat 4. nu lengkepna kieu:  لقد خلقنا الإنسان فى أحسن تقويم    “Saéstuna Kami (Alloh) ngajadikeun manusa téh dina rupa jeung wujud anu sahade-hadena”. Maksudna, yén Nu Maha Agung Alloh s.w.t. maha Nyiptakeun nu parantos nyiptakeun manusa ku wujud tangtungan nu hade, sareng rupa nu sahade-hadena, langkung ti makhluq sanesna, diantarana: nangtungna ajeg, leumpangna  nya kitu keneh, oge henteu  kawas sasatoan. Jadi, kacida salahna lamun aya paham yen manusa the asalna tina sato. Ngan memang ari sifat kasatoannaamah sok pirajeuneun ngancik dina diri manusa, sabab terkadang manusa lampahna leuwih jahat tibatan sato. Tapi, ari asalnamah tetep lain tina sato. 
     
[29] Miturut K.H. Haderani H.N., dina Bukuna: “ILMU KETUHANAN, Ma’rifat, Musyahadah, Mukasyafah, Mahabbah (4 M)”. Terbitan C.V. Amin, Surabaya. Tt. Kaca 10:
yén keterangan من  عرف  نفسه  فقد عرف ربه  miturut sapalih ulama yén redaksi katerangan ieu lain Hadits. Tapi dina kitab “Kasyful Khaafa wa Muzilul Ilbas”nu di karang ku Mahyudin Ibn ‘Araby dijelaskeun lamun Hadits من  عرف  نفسه  فقد عرف ربه   teu ditarima sacara kaélmu para ahli haditsmiturt hukum riwayat sareng diroyat, tapi bisa ditarima dina segi “kasyaf”-mah. Hal ieu saluyu reujeung hadits nu diriwayatkeun ku Imam Bukhari sareng Imam Muslim: عرف  الناس من عرف لنفسه     atawa ayat : وفي آنفسكم أفلا تبصرون
Didieu dijelaskeun yén yén diri urang téh pinuh ku kategantungan (ngabutuhkeun bantuan seje), salian ti éta ogé urang téh pinuh ku kakurangan, lemah, Fana (keuna kurusak) dibandingkeun sareng Alloh. nu Maha Kawasa, Maha Agung, Maha langgeng, sarta nu mibanda sakabéh sifat-sifat kasampurnaan, teu aya saurang ogé nu bisa tur mampuh mikanyaho dina harti nu hakiki. Sahingga Dzin Nun Al-Mishry nyarios: “Kula apal/nyaho ka Pangéran kaula (nyatana Alloh) kalayan Pangéran kaula (nyatana Alloh)”. Sahingga para ‘arif billah mibanda kayakinan yén sing saha jalmana nu bener-bener leumpang di jalan Alloh (nyuprih élmu ma’rifat) maka manéhna li ibarat jarum jeung gulungan wesi kuning (maghnet).
[30] Ieu ayat Al-Qur’an Surat Al-Isra’ Ayat 4:
إقرأ كتابك  كفى بنفسك اليوم عليك حسيبا
“Pek baca kitab manéh, cukup diri manéh sorangan wae dina poé ieu mah anu ngahisab diri manéh teh”
Kitab didieu miturut sapalih ahli tafsirmah kitab-kitab (catetan) amal manusa nalika hirup di alam dunya, jadi kitab hasil perbuatan manusa nalika keur hirup. Wallohu A’lam Bish-Showab.
wa
[31] Kirang Jelas seratanana dina naskah.
[32] Para arif Billah ngawanti-wanti ka urang sadayana, kalayan cariosanna: “Yeuh kanyahokeun yén Alloh téh salawasna marengan  dimana  baé aranjeun ayana “Walloohu Ma’akum Ainamaa Kuntum”. Mantenna nu Maha Kawasa kana saniskara nu aya, “Lahul Hukmu Wa Ilaihi Turja’uun” (Jeung keur Mantenna sagala Kaputusan museurna, jeung ngan ka Mantenna maraneh bakal dipulangkeun). Tur Alloh ngalimpudan kaayaan maraneh kabeh, hartina lir ibarat tembusna Maushuf (nu disifatan) ku sifat-na, jeung lir ibarat ngahijina sagara jeung ombakna nu sama sakali teu bisa dipisahkeun. Saumpama bisa dipisahkeun, maka anjeun-Na (Alloh) lain deui Dzat nu ngalimpudan kana kaayaan. Sok padahal tadi téa apanan teu aya sajeungkal ogé ka ayaan urang ieu nu teu leupas tina panalingaan Alloh”.
Ahlul Haq parantos nyarios: “yén hamba téh lir ibarat lauk, Alloh lir ibarat lautna, lauk nu aya di jero laut teu bisa nanaon iwal sagara nu jadi isyarat, yén Alloh éta nu ngalimpudan sagala Alam”.
Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. ngadawuh: “Iman ka Alloh nu paling utama nyaéta anjeun nyaho/apal yén Alloh éta salawasna marengan anjeun kabeh”.
Hal ieu téh sabab Alloh salawasna ningali naon-naon nu diamalkeun ku aranjeun kabeh “Wallohu Bimaa Ta’maluuna Bashiir”. Kukituna yakinkeun kalawan bener-bener yén aranjeun kabeh téh hamo bisa leupas tina panalingaan Alloh. Kanyahokeun yén Alloh mungkus/ngalimpudan sagala nu aya, termasuk maraneh kabeh. “Walloohu ‘Alaa Kulli Syaiin Muhiith”.
Ahli Ma’rifat nu sampurna geus nyarios: “Kanyahokeun yén Alloh téh ngalimpudan jeung salawasna marengan maraneh dina sakabéh tingkah paripolah maraneh di dunya tug dugi ka akherat “.
[33] Iman téh mangrupakeun diantara prinsip ti kalangan Ahlus-Sunnah wal-Jama’ah, Iman miturut bahasa hartina Percaya. Sedengkeun  mungguh istilahmah nyaéta diikrarkeun ku lisan “Iqrooru Bil-lisaan”, ngabenerkeun ku haté “Wat-Tashdiiqu Bil-Qolbi” jeung ngalakukeun/dibuktikeun ku pagawean anggota badan “Wal-Af’aalu Bil-Arkaan”.
Iman didieu nu jadi patokan nyaéta nu genep rukun téa, yakni 1) iman ka Alloh; 2) iman ka para Malaikat Alloh; 3) iman ka Kitab-kitab Alloh; 4) iman ka Rosul-rosul Alloh; 5) iman ka Poé Akhir jeung 6) iman ka taqdir boh anu hade atawa nu goreng.
Iman ka Alloh hartina ngaikrarkeun ku tilu tauhid tur bari ngamalkeunana, yakni
1.        Tauhid Rububiyyah, nyaéta nauhidkeun sagala rupa nu dipidamel ku Alloh, boh nyiptakeun, maparin rizki, ngahirupkeun jeung ngamaotkeun. Tur nya manten-na (Alloh) Raja jeung Pangawasa kana saniskara nu aya.
2.        Tauhid Uluuhiyyah, nyaéta nunggalkeun Alloh ngaliwatan sagala pagawean hamba nu ku cara éta maranehna bisa ngadeukeutkeun diri maranehna ka Alloh s.w.t. mun hal éta teh disyaré'atkeun ku Manten-Na, saperti halna ngadu’a, sieun, roja’ (miharep), mahabbah (micinta), isti’anah (menta tulung), istighotsah (menta bantuan), isti’adzah (menta panyalindungan), sholat, shoum (puasa), ngalaksanakeun Haji, infaq di jalan Alloh, nadzar (jangji), peupeuncitan (dzabh), jeung sajaba ti éta, sarta sagala hal naon baé ogé nu diyare’atkeun tur iparentah ku Alloh kalayan henteu midua (musyrik) ka Manten-Na ku naon baé ogé.
3.        Tauhid Al-Asma’ wash-Shifaat, nyaéta netepkeun naon-naon nu ku Alloh jeung nu Rosul-Na geus ditetepkeun ka diri-Na (Alloh) boh nu kaitannana jeung Asma-Asma (aran-aran) Alloh ogé sifat-sifat Alloh s.w.t. tur bari nyucikeunnana tina mangpirang-pirang ‘aibdan kakurangan sakumaha nu geus disucikeun ku Alloh jeung Rosul-Na. Tur kaneh hal ieu teh dilakukeun bari diyakinan dina qolbu, tanpa ngalakukeun perumpamaan (tamtsil), tanpa tasybih (nu nyarupaan), Tahrif (penyimpangan, ta’thil (pangecualian) jeung ta’wil (tebak-tebakan).
Anapon iman téh bentuk ikrar, kayakinan, jeung praktek/pagawean. Hartina bisa nambah ku kata’atan jeung ngurangan kana kama’shiyatan, lamun iman wngkul ku pangakuan jeung pagawean tanpa kayakinan, éta kagolong iman-na jalma Munafek. Ogé lamun iman-na wungkul ku ma’rifat (nyaho) tur bari ngayakinkeun tanpa ayana ikrar pagakuan jeung amaliyah ibadah, ieu kaasup kaimanan jalma-jalma kafir nu nolak kana bebenaran.   
[34] Tingali catétan no. 3
[35] Dina kitab “Haqiqotul Ma’rifah”    ألإنسان سري وأنا سره ومحبوبه kitu redaksina, nu maksudna nyaeta: “Manusa eta rusiah Kami (Alloh) jeung Kami ngajadikeun rusiah-na (manusa) jeung nu dipikacinta-na (manusa)”. Tegesna yen ciptaan Alloh ieu (manusa) sabenerna kanyataan-Na (Kabuktian-Na) ayana Alloh ku anjeun nu geus kacida jelasna. Sifat-Na Alloh hamo aya nu nyamian sahiji perkara oge, jeung ayana (maujudna) sifat-Na Alloh eta maujud/katingali dina sakabeh perkara nu maujud nu janten hasil ciptaan Manten-Na. Sifat Ilahy ieu lain Dzat-Na Alloh, tapii sifat eta teu bisa dipisahkeun jeung Dzat-Na. Dina ha lieu timbul kabingungan pikeun jalma nu nyuprih elmu Ma’rifat, tapi justru ku kabingungan eta nu disebut “’Adaamu Idroku fahuwa idrok” )ku teu ayana pamanggih maka eta jalan pikeun manggihan”. Tur kabingungan eta nu disebut Ma’rifat Billah, sakumaha Nabi Muhammad s.a.w. diwaktu munajat anjeunna ngadu’a Ka Alloh: “Allohumma Zidnii Tahayyuron” (ya Alloh tambihkeun abdi kabingungan”.  
[36] Kirang jelas seratan naskahna.
[37] Kahadean (Kamus Basa Sunda)
[38] Tambihan, sarupaning patung sesembahan kaom Arab Jahiliyyah baheula.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar